Selasa, 24 Mei 2011

Lembur Singkur

Lembur singkur
Banjar karang pamidangan
Endah ti jauhna
Endah ti mangkukna
Na iraha kasabana?
Lembur nu laliuh

Linduk pinuh ku rasa
Katalimbeng dina angen
Kabandang tina panyawang


Kacipta mayakpak ngampar
Kailhaman ku Sangkuriang
Nguwak ngawik daratan jero
Dijadikeun pamikat tempo

Kangaranan lembur sorangan sanajan jauh ditinggalkeun tetep melang nineung hayang balik deui. Sababna aya rasa nu pasti moal bisa dibobodo moal bisa disumputkeun moal bisa dipopohokeun sanajan nepi ka iraha bae. Di lembur nyatana kungsi ngalaman sagala rasa sedih gumbira bungah senang susah. Moal bisa kagantian waktu nu geus kaliwatan sanajan digantian ku naon bae. Moal bakal kagantian.
Malah aya kalana mangsa kolot satutasna ngumbara teh sok hayang bumen-bumen bebetah deui di lembur sorangan. Loba pisan contona sok sanajan geus ngumbara di tempat nu luar biasa jauhna oge ; luar nagara. Sok sanajan geus subur ma'mur gemah ripah loh jinawi rea ketan rea keton loba pisan harta pakaya bru di juru bro di panto ngalayah di tengah imah duit brazil jeung sarupanan. Keukeuh peuteukeuh hayang ngarasakeun deui hawa lembur nu geus ditinggalkeun mulan malen. Malah mun kabeneran maotna di pangumbaraan oge aya keneh kahayang dikurebkeun di lembur asal sok sanajan kasebutna lembur singkur nu sasingkur singkurna, udik nu saudik udikna, tetep wae mere kanikmatan nu moal aya bandingannana. Nepi ka maot oge kahayangna tetep renggenek ku jalan dikurebkeun di lembur sorangan, lembur singkur banjar karang pamidangan, bali geusan ngajadi.
Naon atuh sababna ngadon ngumbara ari keukeuh dina ati nyangkaruk ayana lembur singkur? Matak melang matak nineung. Loba alesan nu jadi andelan diantarana ; kaayaan jeung nasib nu nganteurkeun diri kana pangumbaraan. Kaayaan dina harti hayang ngarasakeun bedana situasi pangumbaraan. Bisa oge lantaran boga kahayang nu teu bisa kacumponan mun cicing wae di lembur mah. Atawa nasib nu nyababkeun ngumbara dina harti ngumbara nyiar elmu pangaweruh atawa ngumbara nguruskeun pagawean nu teu aya di lembur singkur. Rea pisan alesan mah teu kudu dibejerbeaskeun sabenerna mah lantaran aya alesan nu kacida pribadi pisan, aya oge alesan nu teu katepi ku akal jalma sejen. Kumaha salira wae.
Pamikat lembur singkur nyaeta titimangsa kagiatan ti mimiti lahir diajar hirup tug nepi ka hirup huripna di lembur singkur, mangsa miang ninggalkeun kahirupan nu geus sakitu lilana dilakonan lantaran ngumbara, karuhun nu ditinggalkeun boh mangrupa warisan kebon sawah balong tegalan pasir tatangkalan nu ngarunggunuk numpuk ti jauhna imah atawa kuburan kolot sorangan mun kaleresan tos maraot. Komo deui mun loba keneh kulawarga ti sisi ti gigir nu lalinggih di lembur. Atuh upamana kolot sorangan masih keneh lengkep pada jumeneng. Eta salah sahiji pamikatna. Sombong kasebutna mun teu daek ngalongokan teh. Sombong pisan. Euweuh alesan wae pokona mah. Komo mun aya alesan ; pan geus aya hape ayeuna mah .......... Teu asup alesan kawas kitu teh. Ditambahan tah ; pangedulan jeung sombong mun embung sakali-kali acan ngalongok ka lembur.
Tong boga anggapan mun balik ka lembur teh kudu loba barangbawa ; duit, kadaharan, pakakas, pakean sagala rupa jeung rea-rea deui. Teu kudu sagala dibawa kudu sagala diringkid. Teu pisan-pisan. Urang lembur mah ku dilongok oge geus kacida pisan bungahna. Eta teh ngan saukur urang datang ngaligincing teu mawa nanaon. Darehdeh amis budi balageur. Ngarasa diaku jadi dulur atawa tatangga teu mopohokeun. Sok sagala disuguhkeun sagala dibahankeun. Meujeuhna wae mun mawa oleh-oleh teh wajar nu sawajar-wajarna. Tong loba pikiran mun hayang ngalongok ka lembur mah datang wae teu kudu direncanakeun. Moal moal aya nu nolak asal urangna jalma bener wae.
Waaaaaaah ............... loba pisan panineungan nu moal bisa diucapkeun kudu dirasakeun pribadi ku cara kudu balik ka lembur. Sok ah longokan lembur masing-masing.





Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Bunga Rampai

Menggapai kata-kata dalam pencapaian makna perjalanan kehidupan nan fana. Semoga manfaat untuk dunia akhirat.



Blog Rudi Santosa


Terima kasih sudah mau mampir. Seandainya mau copy paste, dipersilakan, asal jangan dibumbui dengan ditambahi atau dikurangi, apa adanya saja. Tolong dituliskan alamat blog ini. Apalagi kalo mau ambil fotonya mohon dapat disebutkan dengan lengkap dan benar sumber foto tersebut. Kalo sudah diedit agar disebutkan dengan jelas bahwa tulisannya sudah diedit. Dengan demikian tanggungjawabnya beralih kepada pengedit tulisan saya. Hak cipta hanya milik Allah Subhanahu wa ta'ala.















Supporters