Senin, 23 Maret 2015

Radio Transistor

Radio Transistor
Kailhaman tadi peuting basa beberes bari neangan faktur motor beat nu dijual. Kapanggih di tahap lomari pangluhurna pisan, geus belewuk pinuh ku kekebul. Asa inget-inget poho masih bisa hurung atawa henteu. Kaluli-luli sakitu lilana, hampir 15 taun digolerkeun teu ditoel-toel. Radio transistor merk Sony. Baheula mah ngahaja meuli keur pangbeberah ngadengekeun lagu jeung warta ari balik ti kantor. Kaelehkeun ku TV jeung DVD nu matak ditunda poho oge. Dicobaan disetel, mimitina mah ngawagu poho deui kenop mana nu dipake .... ah sagala dicetrekkeun wae dicobaan ...... Paingan teu disada wae singhoreng kabel speakerna paregat sesa digegelan beurit. Geus dipotong kabelna nu aya masalah mah langsung disada tarik pisan, gegerekgekan heula tadina mah sigana di jeroannana aya kabel karahaan. Tapi lila-lila ngoncrang deui kaasup twitterna ge ngecrek deui, bassna agem puguh mega bass, hade dina jamanna ha ha ha...........
Anak kuring nu lalaki keur nganggeuskeun peer norojol, aneheun ningali bapana boga radio transistor. Raos geuning pa sorana teh, kitu nyaritana basa beres ngadepongan radio ngadedengekeun lagu-lagu ti radio prambors.
Nyakitu lah.... baheula mah nu ngaranna radio mangrupa salahsahiji alat hiburan nu pangdipikaandelna. Pangdipikaresepna lantaran kalolobaan jalma marake radio pikeun ngupingkeun wartos-wartos nu pararenting. Biasana wartos nu didengekeun teh ti RRI tiap jam maneuh aya wartos ngeunaan kaayaan nagara. Kuat ka apal atuh kana bubukana “ Radio Republik Indonesia dengan warta berita dibacakan oleh Syahril Sidik Kamseno, sari berita penting .....”
Tapi kalan-kalan sok ngarasa heneg oge mun keur ngadengekeun dongeng Mang Jaya atawa Mang Eka ti Radio Linggarjati – Kuningan kaselang ku warta berita. Matak moho tuda nu ngadongengna jeung bisaan pisan deuih ngolah sorana teh. Mun mangsana sora awewe aya ku hade jeung memang peresis sora awewe. Sora aki-aki, sora budak leutik, sora rumaja ... matak bingung ku bisaan niron sora sakitu lobana. Padahal nu ngadongengna mah ngan saurang. Perlu kasabaran jeung ngawayahnakeun sorangan. Heueuh da kumaha tuda matak gantung dengeeun tea.
Saking jadi pamiarsa nu hade jeung resep ka Radio Linggarjati, kuring kungsi ngalanto ka Kuningan (taun 1980-an) ngahaja nepungan nu nuju siaran dongeng sunda. Harita naek motor oge dibonceng ku Bapa. Ngabring ti lembur duka sabaraha motor, hilap deui. Bapa harita nganggo motor Yamaha eltuji. Nepi ka Kuningan ningali kagiatan siaran, terus ngirim-ngirim titip salam. Mun teu salah biaya pesenna teh 200 salambar. Kertas nu dieusian ku titipan salam dibacakeun ku nu nuju siaran. Reueusna teh karasa nepi ka ayeuna .....
Mun siaran luar negeri manco teh ka siaran ti Radio BBC - London, diajar ngadengekeun basa inggris. Ti gelombang SW ieu mah nangkepna sinyal teh. Gantian jeung ti Radio Australia. Eta mah nu siaranna Kang Ebet Kadarusman nu sok ngucap "good pagi selamat morning indonesia !!!!!" Heu heuy deuh waas .......... Mun ti Radio Australia mah kungsi dikiriman bukuna lumayan kandel jeung kertasna hade kualitasna. Osok oge mun pareng peuting memeh sare ngadengekeun siaran radio ti arab saudi, diajar basa arab.

Kamis, 12 Maret 2015

Cau Bagja

Karuhun baheula mah palalinter pisan jeung bisa ngalarapkeun naon nu sabenerna karasa dina hate pangjerona. Mangga wae tiasa dibuktoskeun salah sahijina tina cara mere ngaran ka bungbuahan : aya cau raja -> meureun pedah disayogikeunna husus pikeun kulawarga raja, cau bagja-> ieu ge meureun pedah nu ngadaharna bakal ngarasa bagja sabada dahar cauna.
Heu heu ........ jadina pokir teh cau bagja nu bakal diguar ... kailhaman ku pokok pikiran kreatif ... deuh teu nyambung ....
Cau bagja salahsahiji jenis cau hade nu diparelak di tatar sunda. Jadi pepelakan unggulan nu bisa diandelkeun hasilna lantaran rasana ngeunah tur pelem. Tangtu hal ieu nyababkeun undakna harega cau bagja.
Melak cau bagja mah bangganing enteng entengning bangga lantaran kadangkala perlu dirawatan sacara daria mun kabeneran lahan tempat melakna kurang hade, dina harti tanahna keri alias teu subur. Tah ... sakadang cau bagja mah perlu tanah nu alus, subur tur makmur ku kadaharannana.
Mun taneuhna alus jeung cocok, eta cau bagja baris ngaluarkeun runtuyan turuy cau nu hade pisan jeung baradag. Salian ti eta cauna baris seungit bauna jeung pelem rasana. Sababad lah jeung cau tanduk mah malah bisa jadi leuwih unggul lantaran rasa pelemna.
Tah ku sim kuring ditingalikeun conto cau bagja nu tos siap diolah. Sumangga nyanggakeun .....



Cara ngolah cau bagja nu tos asak saperti kieu tiasa digoreng garing, dijadikeun kolek, dituang langsung oge sami pelemna. Ulah soteh dipiceun wae mmmmmmhmmmhhhh ............. nyaah ........

Bunga Rampai

Menggapai kata-kata dalam pencapaian makna perjalanan kehidupan nan fana. Semoga manfaat untuk dunia akhirat.



Blog Rudi Santosa


Terima kasih sudah mau mampir. Seandainya mau copy paste, dipersilakan, asal jangan dibumbui dengan ditambahi atau dikurangi, apa adanya saja. Tolong dituliskan alamat blog ini. Apalagi kalo mau ambil fotonya mohon dapat disebutkan dengan lengkap dan benar sumber foto tersebut. Kalo sudah diedit agar disebutkan dengan jelas bahwa tulisannya sudah diedit. Dengan demikian tanggungjawabnya beralih kepada pengedit tulisan saya. Hak cipta hanya milik Allah Subhanahu wa ta'ala.















Supporters