Kamis, 29 Maret 2012

Borokokok

Babaturan kuring urang Surabaya budak ngora keneh ngadon ngomong kieu " aku ingin jadi si borokokok" nya tarik nya harus nyaritana teh, atuh pada digeuhgeuykeun ku nu sejen. Ngomong kituna teh kalepasan cenah lantaran kailhaman tos nongton filem si kabayan. Sadar geus salah ucap eta babaturan nanya ka kuring " kalau artinya borokokok itu apa?" dijawab ku kuring " borokokok itu kaya kabayan orangnya nyeleneh, beda dengan yang lain" " Oh begitu, aku nggak mau ah jadi borokokok, terima kasih" cenah bari ngaleos.
Sabenerna, ucapan borokokok teh sohor ti taun 90'an mangsana Didi Petet ngalalakonkeun jadi Kabayan dina filem. Eta ucapan borokokok teh diucapkeun ku mitohana nu dilakonkeun ku Babah Ho Liang Suryana Fatah. Kaluarna ucapan borokokok teh lantaran ningali kalakuan Kabayan nu pangedulan pisan, gawena huleng jentul taya gadag. Saking keuheulna nya Abah ngucap borokokok, eeeeeeeeeh kateterusan jadina teh ngageroan Kabayan jadi Borokokok.
Protes kuring mah mun Kabayan disebutkeun tipikal urang Sunda, teu tarima lantaran sabenerna mah tokoh Kabayan teh jalma nu rapekan, pinter, jeung perhatian ka sasama.
Geus sore teuing ah ....... balik heula

Rabu, 28 Maret 2012

Blog Ngeblog

Nyieun blog teh lain ngan saukur nyieun kamonesan atawa kabinangkitan dina ngolah basa, tapi bebas merdeka dina ngungkabkeun daya cipta nu keur nyampak dina diri. Bebas teu mikiran naha bakal aya nu maca atawa ngomentaran. Bebas sabebas-bebasna. Teu katalian waktu, iraha wae, dimana wae bisa nulis sakahayang sakainget. Rek nulis naon wae moal aya nu nyaram.
Tina kabebasan eta, loba oge nu ngamangpaatkeun kana kagorengan. Mangga browsing ku nyalira, tingalian blog nu aya. Seueur pisan blog nu matak nyasabkeun utamina ka murangkalih nu keur meumeujeuhna karek gede. Nu pating boleklak, nu pating pelentung, nu pating gurawil sadayana aya di blog. Nu sadis, nu teu pantes, nu kasar langkung ti kasar sadayana aya di blog. Matak poho matak moho matak hayang nyiduhan matak hayang nalapung anu nempo aya sadayana di blog. Bebas eta oge bebas nu sabebas-bebasna margi teu aya nu ngariksa ngarawatan muatan naon nu sakedahna tiasa dibaca ditingali ku jalmi.

Pangaruh Naekna Harga BBM

Acan oge harga BBM naek, pangaruhna geus karasa pisan. Mimiti indit ti imah pamajikan geus ngomong harga-harga bahan kadaharan geus naek, teu pira naekna mah diantara 500 nepi ka 2.000. Tapi ari balanjana loba jeung macem-macemna mah keukeuh wae jadi nambahan biaya nu kudu dikaluarkeun. Rek teu loba kumaha atuh, anak 3 nu leutik nu gede, nu gawe di imah aya 2an. Piraku teu loba biaya. Basa turun tina motor, indit bareng ka parapatan, pamajikan menta ongkos, ieu ge geus beda deui wae, biasana ukur 5.000 ge cukup eh malah nambah menta 5.000 deui, cenah keur jaga-jaga. Nepi ka kantor meuli sangu ati ampela tahu jeung tempe orek nu biasana ngan 8.000an jadi 10.000an padahal porsina sarua jeung kamarina. Bari sura seuri nu dagangna teh nyarita "Pengaruh dari BBM Pa"  Ah ......... teu loba omong, bayar wae, duit aya keneh ieuh.

Selasa, 27 Maret 2012

BBM naek hargana

Lain pipilueun kana urusan batur, tapi sabab aya pangaruhna kana kahirupan sorangan jeung kulawarga, nya kasebut wajar mun kuring miluan komentar ngeunaan harega BBM nu baris naek engke 1 April 2012 utamana bengsin jenis premium nu tadina 4.500 jadi 6.000. BBM nu dimaksud ku kuring lain Black Berry Messenger tapi Bahan Bakar Minyak.
Harega BBMna nepi ka poe ayeuna tanggal 28 Maret 2012 can naek masih keneh ngagunakeun harga heubeul. Tapi kulantaran aya rancana ti pamarentah nu arek naekkeun hargana, barang-barang sejen kayaning beas, endog, lauk, tipung tarigu, semen, kai, keusik jeung rea-rea deui geus pada miheulaan naek hargana. Alesan nu ngajualna loba pisan diantarana nu panglobana ; ti dituna tos naek. Ti dituna teh timana? Ti distributorna atawa ti pabrikan? Panjang jigana mun disusud mah lantaran jalur masarkeun barang teh sababaraha tahapan. Geus lah tong dipikiran ari nu pentingna mah harega barang geus naek sanajan harga bengsinna masih nu heubeul. Moal aya kamungkinan mun turun deui teh lantaran nu dagangna geus ngeunaheun make harga nu anyar. Misalna harga bengsin teu jadi naek oge moal aya ti dituna mun harga barang nu geus naek baris turun. Ari kangaranan barang mah, nu kajeueung ku kuring, hayang naek terus hargana bari cadu turun harga.

Rabu, 14 Maret 2012

Dukuh

Ayeuna keur usum dukuh. Sapanjang jalan loba jongko dadakan nu ngajualan buah dukuh. Bararis ngahaja dirapih-rapih supaya loba nu meuli. Basa ngamimitian usum mah dukuh rasana teh masih sepet keneh rada-rada semu pait hampir peuheur. Meureun lantaran nu dipanenna masih keneh nu ngarora pisan. Beuki kadieu beuki amis jeung beuki loba pilihan. Cenah mah aya dukuh nu asalna ti Jawa jeung aya nu asalna ti Lampung. Ari nu asal ti Jawa mah teu pati amis loba nu haseumna jeung loba sikian. Nu amis kareueut jeung teu pati loba sikian asalna ti Lampung perbatasan jeung Palembang nu katelahna teh dukuh Komering asli Palembang. Duka teuing da teu pati ngarti ari masalah bener henteuna mah. Ieu mah beja dibejakeun deui ti tukang dagangna. Kuring sok ngahaja ngajak ngobrol mun pareng meuli dukuh.

Senin, 12 Maret 2012

Selasa, 06 Maret 2012

Donor Darah

Donor darah, naon nya basa sundana? Nyumbang getih? Donor getih? Ah ..... asa ningnang. Tapi sadayana ge pasti terang naon maksudna donor darah. Nyumbangkeun salahsahiji milik nu aya dina badan nyatana getih keur kapentingan jalma nu merlukeun getih. Loba pisan jalma nu perlu getih diantarana ; nu rek operasi tur merlukeun getih keur transfusi, sabada ngalahirkeun kurang getih perlu donor. Insya Allah donor darah kaasup amal nu hade sarta mugia mangpaat dunya aherat. Asal ikhlas jeung teu ngaharepkeun wawales. Ke jaga di aherat digantian ku Allah SWT ku ganti nu panghade-hadena. Insya Allah.

Bunga Rampai

Menggapai kata-kata dalam pencapaian makna perjalanan kehidupan nan fana. Semoga manfaat untuk dunia akhirat.



Blog Rudi Santosa


Terima kasih sudah mau mampir. Seandainya mau copy paste, dipersilakan, asal jangan dibumbui dengan ditambahi atau dikurangi, apa adanya saja. Tolong dituliskan alamat blog ini. Apalagi kalo mau ambil fotonya mohon dapat disebutkan dengan lengkap dan benar sumber foto tersebut. Kalo sudah diedit agar disebutkan dengan jelas bahwa tulisannya sudah diedit. Dengan demikian tanggungjawabnya beralih kepada pengedit tulisan saya. Hak cipta hanya milik Allah Subhanahu wa ta'ala.















Supporters