Senin, 09 Mei 2011

Lagu barudak

Tongtolang nangka awi bitung mata lele .........
Ulah diteruskeun ah eusina mah ....... bisi aya matakna.
Tapi urang sunda asli mah ngartieun kana eusina.
Pangeling-eling mangsa keur budak, naek tangkal nangka Mama Haji bari ngahaleuang patarik-tarik, cocorowokan, lain ngahaleuang ngeunah. Lagu-lagu cawokah nu diajarkeun ku barudak saluhureun. Meungpeung inget, sapotong-sapotong tapi ingetna, laguna nu kawas kieu ;
Pa Kokon tolong dong,
Peupeuriheun Ceu Tati,
Make topi Memeksikoan
Jalan-jalan ih tiluan ........ jeung saha?
Diajarkeun ngahaleuangna teh bisa bari arulin ngala jukut atawa ngangon soang.
Heran, da memang ka dinya terus condongna lalaguan teh.
Paling nu alus teh mun keur naek tangkal peuteuy selong, laguna kawas kieu ;
Dengkleung dengkleung dengdek buah kopi raranggeuyan
Engkeun anu dewek ulah pati diheureuyan
Heueuh mun diheureuyan mah ngabintih tah hayam ......
Atawa ;
Cis kacang buncis nyengcle ti anggo lati inem
Gedur gedur anu nutu disampakkeun kejo pulen
Atawa ;
Cing cangkeling manuk cingkleung cundeten
Plos ka kolong Bapa Satar buleneng

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Bunga Rampai

Menggapai kata-kata dalam pencapaian makna perjalanan kehidupan nan fana. Semoga manfaat untuk dunia akhirat.



Blog Rudi Santosa


Terima kasih sudah mau mampir. Seandainya mau copy paste, dipersilakan, asal jangan dibumbui dengan ditambahi atau dikurangi, apa adanya saja. Tolong dituliskan alamat blog ini. Apalagi kalo mau ambil fotonya mohon dapat disebutkan dengan lengkap dan benar sumber foto tersebut. Kalo sudah diedit agar disebutkan dengan jelas bahwa tulisannya sudah diedit. Dengan demikian tanggungjawabnya beralih kepada pengedit tulisan saya. Hak cipta hanya milik Allah Subhanahu wa ta'ala.















Supporters