Wilujeng ngarupakeun salahsahiji kecap dina basa sunda anu hartina ngahaturkeun panghormatan, pangbagea, atanapi pangdeudeul mangrupi dukungan kana salah sahiji kaayaan dina maksud sabenerna keur ngadungakeun kana kasaean.
Basa Indonesiana mah selamat, Basa Inggrisna congratulation, Mabuhay Basa Tagalogna kade ulah hilap maca u na ditegeskeun sababara harkat ngarah hartina bener, Banzai Basa Jepangna mah, viva vive Basa Romana. Mangsa ayeuna loba pisan nu salah nulis kecap wilujeng teh, jeung nu matak heran leuwih ti heran nu loba salah tulis pernahna di Bandung pisan, puseur basa Sunda. Teu bisa nyalahkeun sasaha lantaran memang kitu kaayaannana. Ngan saukur bisa ngurut dada wae. Salahsahiji bentuk protesna nya ku cara nulis dina blog ieu. Sugan wae aya nu maca jeung mugia aya koreksi supaya jadi balener boh dina cara nulisna, ngalarapkeunnana, atanapi dina ngahartikeunnana.