Senin, 27 Februari 2017

Lauk Nilem

“kauk kael kaca anakilem” budak leutik baheula mun ningalian lauk di balong kadangkala ngomongna kitu hartina lauk jaer kancra anak nilem. Tah lauk nu disebut pangakhirna nyatana lauk nilem éta sigana lauk buhun sunda, meureun. Lantaran sakainget asa can manggihan nyaliara salian di pulo jawa, duka mun di luar nagari mah. Basa kuring keur leutik, ngalana téh mun teu di balong nya di Situ Hyang mun pareng mangsa mijah. Deuh, lain heureuy, éta mah pasawahan sisi Situ Hyang kuatka ngabudah, pating korocok, lauk nilem sabubuhan nareureus ka lebah solokan cinyusu. Tinggal nyairan. Endogna gé ngarambang teu kawadahan ngagulung kabawa cai caah. Aya éta gé nu nyiukan endog mabur dipindahkeun ka balong, tapi asa tara jadi da meureun lingkunganna béda.
Lauk nilem nu lembut kénéh mun di balong biasana ngagimbung abring-abringan handapeun nu liuh linduk boh kalangkang daun, tangkal écéng gondok, atawa handapeun tampian. Pokona kudu aya nu ngahalangan waéh keur niis. Mun ngeueumkeun suku, sok pating kuriling nyarégétan kulit suku, kawas lauk gararufa jaman ayeuna mah. Lumayan asa dikélékéték. Lalindeuk kénéh keur laleutik kénéh mah sigana téh, tapi bener hésé pisan mun deuk ditéwak mah, kudu disair waé najan teu bisa kabeh kaala. Mun geus sagede cinggir lauk, nilem jaluna geus bisa dipijahkeun sangkan baranahan. Ari lauk bikangna mah bisa ngendog bener sina ukuran geus sagede jempol suku. Asana téh hiji lauk bikang balad mijahna tujuh nepi ka sapuluh lauk jalu.
Lauk nilem kaasup lauk ningrat kawas lauk tawes dina harti lingkungan kahirupanna kudu cai nu beresih tina kokotor. Mun caina rada sému coklat ngora kacampuran taneuh mah kuateun kénéh sigana mah, meureun laukna asa ngaregot coklat, heu heu. Teu kuateun keuna cai kotor pisan, sok langsung ngolojot kawas nu eungapeun. Biasana sok ngerab, sungutna calawak kerep. Kalilaan mah sok tibalik bungkiang beuteungna jadi di luhureun beungeut cai.
Lauk nilem kaasup lauk nu hade rupa, matak loba nu resepeun ogé jeung bisa dipiara dina akuarium. Sim kuring kungsi ngarawatan dina babalongan. Binihna mah ngahaja mawa ti lembur. Ngarawatan ti mimiti sagede curuk nepi ka jadi sagede jempol suku. Lalindeuk sok nyalampeurkeun mun diawuran parab. Giliran paeh mah asa teu werat rék ngagoréngna téh lantaran asa deungdeuleueun ngabayangkeun geboyna. Jadi dikubur waé.
Ngalana mun diuseup sok make eupan daun sampeu dipintel-pintel atawa naon waé daun nu rupana héjo. Ulah soteh make daun pulus matak gateul ka nu nguseupna. Nu ampuh mah maké lumut. Sok clom giriwil. Tapi dieupanan cacing ogé bisa waé da sigana téh beukieun. Pernah nguping gerenyem nilem teu? Tah éta téh maksudna mun keur diuseup lauk nilem mah sok ngagégélan eupanna terus-terusan tapi sok saeutik-saeutik teu diselewegkeun sakaligus kawas lauk guramé. Matak upama buru-buru teuing dipecatkeunna téh sok kalahka nyamos. Jadi ujian kasabaran nguseup nilem mah. Sabar dina ngararasakeun gerenyem nilem. Mun ngalana diobyagkeun (nyébur ka balong nu ngalana) biasana sok nyarumputna téh dina sela-sela batu atawa liang. Tah ari sim kuring mah sok ngahaja nundaan potongan awi saruas-saruas keur tempat nyarumputna. Leuwih gampang jeung leuwih téréh meunangna, tinggal ditonggéngkeun wungkul awina.
Lauk nilem dagingna kaasup rada renyéd, mun digoréng ngeunahna téh goréngna nepi ka garing. Mun dibeuleum kudu nepi ka tutung sisitna. Mun dipais kudu lila maisna supaya tulang lembutna bisa didahar. Kaasup rukap nilem mah, réa cucuk lembutna. Nu pangénakna tina lauk nilem piritanna, ceuk kuring ieu mah. Ngan biasana mun rék nyieun piritan, lauk nilemna kudu diistirahatkeun heula sapoé dua poé mah supaya jeroan peujitna (tai lauk) teu kaolah. Endog atawa mamanis nu diala keur piritan mah. Mun peujitna kotor sok dipiceun da teu tega ngadaharna. Sambarana teu sapira ngan saukur uyah jeung daun bawang hejo. Rék digoreng atawa dipais bisa, kumaha kasedep waé. Pasti deudeuieun. Ah, jadi hayang ngasaan. Baheula nu sok nyadiakeun bahan piritan téh Bapa almarhum (mugia ditampi iman islamna. aamiin.) ngahaja nyiapkeun nilem jeung lauk tambakan dina kulah beulah tukangeun héléran. Geus di-reus-keun mah piritanna bisa kaasup jeung peujitna nu bisa didahar.

Bunga Rampai

Menggapai kata-kata dalam pencapaian makna perjalanan kehidupan nan fana. Semoga manfaat untuk dunia akhirat.



Blog Rudi Santosa


Terima kasih sudah mau mampir. Seandainya mau copy paste, dipersilakan, asal jangan dibumbui dengan ditambahi atau dikurangi, apa adanya saja. Tolong dituliskan alamat blog ini. Apalagi kalo mau ambil fotonya mohon dapat disebutkan dengan lengkap dan benar sumber foto tersebut. Kalo sudah diedit agar disebutkan dengan jelas bahwa tulisannya sudah diedit. Dengan demikian tanggungjawabnya beralih kepada pengedit tulisan saya. Hak cipta hanya milik Allah Subhanahu wa ta'ala.















Supporters