Selasa, 26 Juli 2011

Kopi

Kopi salah sahiji tutuwuhan nu biasa dipelak para patani boh jadi mangrupa kebon lega milik perusahaan perkebunan atawa panyelang sisi wates kebon atawa mapaes taman hareupeun imah. Teu aya nu nyaram arek dimana-mana melakna mah. Kopi gampang melakna mah ngan hese tumuwuhna lantaran perlu waktu lila ngagedeannana, matak teu sabaran mun didagoan mah.
Akarna nu kuat ngajadikeun tangkal kopi sering dipelak di tepiswiring nu lungkawing sangkan taneuhna teu gampang uruy urug atawa longsor. Biasana mun dipelakan tangkal kopi mah taneuh teh sok kawas ditalian ku kawat bronjong malah leuwih kuat sigana teh jeung leuwih hejo tangtuna he he he..... alami ......
Loba jenisna tangkal kopi teh, terdapat dua golongan besar, pangkasohorna, kopi robusta : kopi arabica. Ari kopi robusta mah napak tangkalna teh tara pati luhur, tara pati jangkung, jeber, nguyupuk kawas manuk puyuh. Buahna gampang diala lantaran dahanna ngulapes ka handap. Ditarik ku budak leutik 5 taunan ge daekeun nyampeurkeun. Beda jeung kopi arabica, tangkalna jalugjug luhur ngan keukeuh regas mun ditaekan mah kawas tangkal emping he he he ...... Buahna galede sagede-gede kaleci. Daunna ge rarubak bisa dipake ngiuhan orok kelenci hi hi hi .........
Rada leneng mun dititah ngabedakeun tangkal kopi mah mana nu robusta mana nu arabica. Ngan cenah, bener atawa salahna can pasti, ngarah gampang ngabedakeunna mah tinggal ningali ciri-ciri fisikna mun baradag asupna ka arabica mun rada laleutik asupna ka robusta. Lenengna teh jeung kopi mana ngabandingkeunnana mun ayana ngan saukur sajenis tangkal terus tangkal nu jalugjugna ditigasan ngarah tangkal kopina nguyupuk. Ah ........ kalieur-lieur.
Kopi nu siap konsumsi biasana dipilihan nu asak warnana beureum moronyoy nu hade mah. Tapi hese milihannana lantaran mun geus asak oge tina sabondoroyot teh sok aya wae nu warnana hejo keneh. Kagok lah diburusutkeun wae panen sagelempeng. Kadangkala sok katambahan ku sireum hideung da nyayang dina sela-sela buah kopi. Mun geus katumpangan sireum mah, tobaaaaaaaaaaaaaaat ...... mendingan pindah dahan. Bau sireumna leuwih senget leuwih nyereng dina kopi mah, matak kaluar cai mata kawas kasemprot cai bawang beureum.
Osok eta oge kapiheulaan ku cocodot atawa careuh mun kopi kalilaan teuing teu diala. Baheula mah sok rada ngarey mun ningali tai careuh teh lantaran sok pacampur ngahiji antara siki kopi jeung cangkaleng atawa sisikian sejenna. Tapi sok dipulungan wae lantaran sikina masih keneh beleger, tidak kurang suatu apapun hu hu hu. Ngan pas dipoe terus dijual sanajan husus kopi meunang mulung tina tai careuh tetep  wae hargana sami mawon. Can apal tuda baheula mah mana kopi mahal mana kopi murah. Ah ...... sarua wae meureun.
Ayeuna karek apal, kopi nu pangmahalna teh nyaeta kopi tai careuh (kopi luwak). Jauh tangeh hargana ge manglipet-lipet dibandingkeun jeung kopi biasa mah. Penggemar  dan penikmat wungkul nu wani mayar mahal kopi luwak mah. Sok sanajan jaminan kaaslianna teh ngan saukur ngandelkeun rasa jeung kapercayaan. Memang eta hiji-hijina cara nu paling jetu ; percaya dan rasa. Pasti nu biasa nginum kopi jeung ngarti kopi mah apal bedana mana kopi luwak asli mana kopi asli lu wak ha ha ha .............
Fotona deuk nyiar heula

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Bunga Rampai

Menggapai kata-kata dalam pencapaian makna perjalanan kehidupan nan fana. Semoga manfaat untuk dunia akhirat.



Blog Rudi Santosa


Terima kasih sudah mau mampir. Seandainya mau copy paste, dipersilakan, asal jangan dibumbui dengan ditambahi atau dikurangi, apa adanya saja. Tolong dituliskan alamat blog ini. Apalagi kalo mau ambil fotonya mohon dapat disebutkan dengan lengkap dan benar sumber foto tersebut. Kalo sudah diedit agar disebutkan dengan jelas bahwa tulisannya sudah diedit. Dengan demikian tanggungjawabnya beralih kepada pengedit tulisan saya. Hak cipta hanya milik Allah Subhanahu wa ta'ala.















Supporters