Senin, 25 Juli 2011

Cukang

Cukang teh salah sahiji sarana jalan darat nu bisa ngahubungkeun hiji wilayah jeung wilayah sejenna. Cukang saenyana dijieun keur kaperluan darurat, dipakena sawatara waktu wae lantaran kakuatan bahanna teu pati tahan lila. Bahan keur nyieun cukang biasana diala ti sabudeureun lingkungan.
Bisa oge diwangun tina kai urut sesa pangragajian atawa mangrupa awi golondongan kawas dina conto foto di handap. Di pilemburan, cukang model kitu mangrupa alat vital transportasi keur leumpang atawa ngagunakeun motor. Nepi ka ayeuna masih loba pisan cukang kawas kitu. Mun pareng ruksak, gampang pisan ngagantina, kari aya kadaek, ngan saukur direhab saeutik ku cara diganti awi golondongannana atawa ditambal ditambahan ku awi deui. 
Ari urang lembur mah tara pati loba ngangluh kana masalah nu kieu teh, dilakonan jeung dileukeunan wae bari pinuh kasabaran. Mun pareng cukangna barobo, tara loba polah, gedok gedok wae nuar awi, atawa balik ti kebon teh bari mawa kai sesa pangragajian, leunjeurkeun waeh ngaganti nu ruksak. Teu rea codeka teu rea perkara. Ngamangpaatkeun sagalarupana tina kamurahan alam. Paling mun perlu tanaga leuwih, da ari ku sorangan mah kadangkala hese ngatur-ngaturna, ngahaja ngobrol atawa silih geroan ngarencana isuk pageto arek menerkeun cukang di lengkob anu wayahna bantuan. Kituna teh bari sempal guyon di sisi masjid nungguan adzan magrib. Isukna geus mimiti digarawe sabekelna-sabekelna samampuhna. Runtut raut babarengan gotong royong.
Emh ............ aya ku nineung  ........


Sabenerna cukang teh sarana transportasi sawatara waktu tapi kanyataanna jadi sarana transportasi sawataun waktu, mangtaun-taun teu ganti-ganti. Hal ieu teh lain hartina euweuh usaha ti masyarakatna pikeun ngarobah ka nu leuwih permanen deui, ngan hiji masalahna, danana can manjing-manjing wae.
Kaasupna kana bagian infrastruktur, sigana kawajiban pamarentah pikeun ngawangun cukang supaya jadi jambatan permanen nu leuwih ngajamin rasa aman pikeun nu ngaliwatannana. Supaya masyarakat bisa meuntas ti hiji wilayah ka wilayah sejenna tanpa aya rasa keueung jeung waswas kana kasalametan dirina.


Mangga dibayangkeun kumaha leueurna cukang dina foto ieu, di handapna cai badag ngagulidag neunggaran batu ngan saukur kahalangan ku kakayon wungkul nu jangkungna kirang langkung 3 meteran. Pas ngolesed dikudawet tijalikeuh ngagebruna teh moal kamana deui  ........ he he he ...... pasti kahandap disanggap cai dibantingkeun kana batu. Komo foto nu panghandapna mah awina teh tos bobo da can kabujeng digentos, jurang ti cai curug nya jero nya ledok caina teh, tempat oray sanca gogolosoran. Waas mun ngagejebur, loba nu nyaranggapan  ........
Naudzubillahimindzalik ...........





Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Bunga Rampai

Menggapai kata-kata dalam pencapaian makna perjalanan kehidupan nan fana. Semoga manfaat untuk dunia akhirat.



Blog Rudi Santosa


Terima kasih sudah mau mampir. Seandainya mau copy paste, dipersilakan, asal jangan dibumbui dengan ditambahi atau dikurangi, apa adanya saja. Tolong dituliskan alamat blog ini. Apalagi kalo mau ambil fotonya mohon dapat disebutkan dengan lengkap dan benar sumber foto tersebut. Kalo sudah diedit agar disebutkan dengan jelas bahwa tulisannya sudah diedit. Dengan demikian tanggungjawabnya beralih kepada pengedit tulisan saya. Hak cipta hanya milik Allah Subhanahu wa ta'ala.















Supporters