Senin, 25 Juli 2011

Cengkeh

Wararaas mun nyaritakeun masalah cengkeh mah. Asa moal kaalaman deui ayeuna mah kumaha suka bungahna mangsa panen cengkeh. Sakabeh kulawarga jeung para tatangga ubreg pada suka-suka ti mimiti miara, ngawaskeun, ngala cengkeh, ngilona, moena, nepi ka ngunjalan ka imah, moe deui. Pahibut mun pareng ceudeum ngagulungkeun giribig tampah atawa naon bae tempat nu dipake moe cengkeh.
Mimiti melak binih tangkal cengkeh, neangan binihna ngahaja tina tangkal nu panghadena. Mun di lembur mah aya hiji tangkal jontrot pernahna hareupeun imah deukeut tepas. Tangkalna jangkung badag, cengkehna meuhpeuy ti luhur nepi ka handap teh pinuh padet. Tah sok ngahaja nyesakeun sababaraha ranggeuyan sina jadi binih. Warnana ungu hampir hideung. Dipetet sina jadi kacambah terus diliarkeun dina wadah awi. Geus aya sababaraha dahan daun karek siap dipindahkeun ka kebon. Lila oge hampir satengah taunan. Kungsi oge meuli binih jadi, cengkeh Bogor ngaranna teh, ngan repot geus jadina, gampang rontok buahna, can mangsana panen geus ngalayah di handap, ceehan. Nu kuat mah cengkeh sansibar, nya galede nya daroeh aralus tampilanna teh, ngan gembos mun digaringkeun teh jauh pisan persentasena. Rada rugi melak sansibar mah, olok biaya hasilna kurang hade lantaran hargana mah sarua bae jeung cengkeh ambon atawa cengkeh lokal.
Geus dipelak diceboran digemukan, baheula mah make gemuk tai embe jeung kelenci. Osok oge diawuran gemuk kimia Urea TSP buatan Pupuk Kujang. Meuli teh sababaraha kwintal bisa ton tonan oge lantaran nu digemukna sababaraha blok kebon. Isuk-isuk pisan ngawurkeun gemuk kimia mah, diawurna dina liang sakuriling tangkal cengkeh, jarakna kudu diatur pisan, kudu aya jarak tina daun pangjauhna. Mun kalobaan gemuk kimia mah sok kalah matak paeh kana tangkalna. Geus diawur kudu buru-buru ditutupan ku taneuh deui lantaran bisi diambaracakeun ku hayam atawa sato lianna.
Ngarawatan tangkalna kudu apik, mun bisa mah ulah kahieuman lantaran bakal ngurangan kamontokan daun. Handapeun tangkal ngahaja diberesihan sangkan gampang mun pareng mulungan buah nu murag. Lain sambarangan atuh cengkeh mah, payu pisan harita mah. Tong boroning cengkehna, dalah daunna oge dikumpulkeun teh bisa dijual. Biasana nyapukeun sakarung karek dijual ka Jungga naek sepedah. Balikna jajan kacang goreng bisa meunang sababaraha bungkus. Laku beneran ka daun-daunna oge bisa dijual. Mun pareng aya pangpungna nu murag ngahaja dikumpulkeun parebut lantaran kaina senget pisan. Bisa dipake keur ngamimitian nyeungeut seuneu di hawu, kawas baralak kalapa wae. Sut dur ........
Pas mangsana cengkeh diajar kekembang, seungit sabudeureun imah ku nyambuangna kembang cengkeh. Diilikan ti mimiti renung calon kembang, ngabeukahan jadi bakal kembang, jadi kembangna, rampak  siap panen. Leuh ........ tukang ijon geus jul jol bae nalawar ...... tangkal nu ieu sakitu hargana tangkal nu itu sakieu hargana langsung dibayar kari daekna.
Biasana  mun keur mangsana kekembang osok aya cengkeh ngora nu maruragan. Tah ... ieu unikna teh ... ceuk pandangan kuring eta cengkeh nu murag milik sarerea, saha wae meunang mulung nu pareng aya kesempetan mangga candak tah cengkeh murag. Pandangan kuring wungkul eta mah, ningali tina kanyataan harita. Harga cengkeh murag sarua bae jeung cengkeh meunang panen biasa. Tapi aya eta oge sawatara jalmi nu teu ngidinan cengkeh murag dipulungan. Sok paheula-heula mulung cengkeh mah, jam 2 peuting teh tos saged tos nyiapkeun oncor keur nyaangan tempat mulung. Mulung sajam dua jam nepi ka bada subuh lumayan sok meunang sacangkir dua cangkir mah hasil mulung teh. Babandingannana mun ditukeurkeun beas mah sacangkir cengkeh bisa meunang sakilo beas.
Mangsana panen, waaaaaaaah ........ ubreg persiapannana ; nyadiakeun sigay : taraje tina saleunjeur awi make titincakan nu ngahaja dipolongoan unggal wates leunjeuran, nyadiakeun karung digelungan sisina make tunjangan kawat, kakait, awi haur laleutik sedeng keur nincak dina tangkal cengkeh. Ngalana sok ngahaja neangan nu pangleubeutna heula mumunelna disebutna teh. Ari kuring mah sok disadiakeun kaos kaki keur nampung hasil ngala cengkeh teh. Mun tos pinuh teh sok ngagarandoy dina cangkeng sababaraha kaos kaki. Medah-meduh keur usum panen mah. Hayang pecel tinggal mawa cengkeh tukeurkeun ka pecel. Hayang sendal lili tinggal mawa cengkeh rek garing rek baseuh tinggal nukeurkeun. Nu dagang tara loba carita mun mawa cengkeh mah. Tah sabaraha cangkir kari gantian kana barang. Kungsi kuring memeh sakola ngajual cengkeh ka bandar meunang duit teh da teu beak sabulaneun pake jajan unggal poe padahal mah, harita sakola SMP.
Keur mangsana ngilo hasil panen oge, resep pisan, ngunjalan nu geus meunang ngiloan ka los hareup tempat keur mutikan cengkehna. Nu mutik cengkeh oge meunang bayaran, sakilo sakilona teh diitung. Mutik cengkeh teh sok panas kana dampal leungeun, diakalan na teh make sarung tangan saayana. Bangkangna ge bisa dijual cengkeh mah. Sagalana laku. Naon ari bangkang? eta tempat ranggeuyan buah cengkeh.
ke deui ah. .......

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Bunga Rampai

Menggapai kata-kata dalam pencapaian makna perjalanan kehidupan nan fana. Semoga manfaat untuk dunia akhirat.



Blog Rudi Santosa


Terima kasih sudah mau mampir. Seandainya mau copy paste, dipersilakan, asal jangan dibumbui dengan ditambahi atau dikurangi, apa adanya saja. Tolong dituliskan alamat blog ini. Apalagi kalo mau ambil fotonya mohon dapat disebutkan dengan lengkap dan benar sumber foto tersebut. Kalo sudah diedit agar disebutkan dengan jelas bahwa tulisannya sudah diedit. Dengan demikian tanggungjawabnya beralih kepada pengedit tulisan saya. Hak cipta hanya milik Allah Subhanahu wa ta'ala.















Supporters