Kamis, 22 Desember 2011

Deukeut Cikapundung

Laha loho ka daerah Banceuy deukeut jalan ABC. Geus loba pisan robahna geuningan, teu kawas taun '90an masih keneh bisa lulumpatan. Ngaranna ge jaman geus lila ditinggalkeun geus pasti loba robahna. Wajar.... kawas kuring bae baheula mah can huisan ayeuna geus mimiti rentul salambar salambar. Tapi pangling pisanna teh lantaran salian ti macet aya deui loba meureunan ... wangunan nu teu kaurus atawa ngahaja teu diurus duka tah ......

Ngahaja datang teh pasusubuh supaya bisa ngarasakeun deui hawa Bandung nu masih seger keneh. Memang seger keneh lantaran can loba polusi. Nu mimiti katingali barisan jalma keur milihan koran keur jualeun deui, para juragan koran sigana teh lantaran nu dibeulina loba pisan. Tapi pastina aya oge loper koranna, katingali tina barang beubeuliannana, ngan satangkeupan. Nu meuli eceran oge loba lantaran murah hargana. Ari kuring mah lantaran ngan laha loho wungkul teu ngahajakeun meuli koran kalahka nyolonong ka tukang gorengan meuli cireng genep siki bala bala 4 siki 5 rebueun. Cabena waeh dilobaan, dibungkus terus nyampeurkeun tukang sangu koneng. Pesen sapiring, gancang pisan ngaladanganna teh. Professional. Dihekak ku sorangan beak oge geuningan lapar pisan. Jalan ti Jakarta jam 1 peuting salian ti tunduh badan oge asa cararape. Ongkoh deuih sangu konengna ngeunah haneut keneh pisan masih ngebul. Dibaturan cai enteh panas lekoh. Beuuuuuuuuuuu .......... edas.
Beuki beurang beuki rame, jalan nu ngan saukur 5 meteran mimiti macet lantaran satengahna dipake parkir. Leuh ..... geus kawas di Jakarta deui wae ieu mah. Loba pisan mobil plat Jakarta








Ieu difoto ti Gedung PLN APD Bandung tingkat 3.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Bunga Rampai

Menggapai kata-kata dalam pencapaian makna perjalanan kehidupan nan fana. Semoga manfaat untuk dunia akhirat.



Blog Rudi Santosa


Terima kasih sudah mau mampir. Seandainya mau copy paste, dipersilakan, asal jangan dibumbui dengan ditambahi atau dikurangi, apa adanya saja. Tolong dituliskan alamat blog ini. Apalagi kalo mau ambil fotonya mohon dapat disebutkan dengan lengkap dan benar sumber foto tersebut. Kalo sudah diedit agar disebutkan dengan jelas bahwa tulisannya sudah diedit. Dengan demikian tanggungjawabnya beralih kepada pengedit tulisan saya. Hak cipta hanya milik Allah Subhanahu wa ta'ala.















Supporters