Minggu, 13 November 2011

Pelok Buah

Baheula mangsa usum bungbuahan sabangsaning kaweni, limus, jadi aya pangaresep anyar ngadagoan buah murag ti tangkal atawa mun buahna keur ngarora keneh sok ngahaja mawa batu atawa potongan tangkal sampeu keur nenggoran pakelna. Mun pareng boga atawa manggih sok ngahaja dinangna nengne dipamerkeun ka babaturan awewe. Pakel mah dipikaresep pisan ku barudak awewe keur ngarujak atawa nyieun petis.
Biasana pakel bisa didahar langsung atawa mun hayang rada rada kumaha kituh diantepkeun heula sing rada eumeur. Karek buah teh bisa digorogotan, tapi ngadagoan nepi ka eumeur ku sorangan teh sok rada lila. Matak panasaran hayang nyabakan. Padahal mun langsung didahar teh rasana semu semu kesed keneh lantaran masih pacampur jeung geutah. Si geutahna mun keuna kana kulit nu aya raheutan saeutik waeh bisa nimbulkeun koreng lila-lila mun teu diobatan jadi budug. Biasana nepi ka tapokan lantaran ateulna ateul ni'mat. Digaroan saeutik saeutik teu karasa raheutna geus badag korowokna. Panyakit jieunan sorangan eta mah.
Mangsana limus atawa kaweni arasak sok waas ku seungitna, ti kajauhan geus kaambeu nyambuang seungit limus kaangin-angin. Seger pisan. Jeung memang enyana seger angot komo lamun diinumna teh pabeubeurang pas tengah poe mentrang mentring panas hareudang bayeungyang nyuruput es campur limus. Nya seungit nya amis ...... matak moho. Jaman ayeuna mah kaasup minuman luar biasa istimewa pisan lantaran beuki lila limus teh beuki hese neangannana.
Ngala limus nu kira-kira tereh asak teh gampang-gampang susah lantaran nu pasti mah kudu diambeuan heula bauna. Tapi bisa ditandaan tina lobana limus nu dihakanan ku kalong atawa cocodot. Geus bisa dipanen satangkal kabeh.
Kanyataannana loba tangkal limus nu dijual ka bandar saacan parentul jadi buah limus, diijon tea meureun istilahna teh. Mun geus dibajong ku bandar mah nu boga tangkal teh ngan saukur kabagean lidigna wae da harga limus mah kurang nyugemakeun. Nu pasti mah nyugemakeun bandar wae lantaran meulina murah meriah. Mangkana rea pisan tangkal limus nu baruahan diantepkeun samuragna wae. Aya oge nu dipanen terusna dibagikeun ka tatangga, saukur olok biaya wungkul keur muruhan nu ngalana. Kadieunakeun mah loba pisan tangkal limus nu jarangkung badag ditaluaran lantaran sacara ekonomi teu ngahasilkeun.
Aya oge nu ngahaja dituar lantaran jadi bibit buit pacogregan. Ngaranna ge manusa meureun, tibang parebut limus murag kalahka hayoh garelut handapeun tangkal limus nepi ka aya nu tatu salah saurangna. Nu ngabogaan tangkal ngarasa jadi sumber mamala, ahirna si tangkal limus dituar. Hanjakal oge ningalina. Ngan kumaha teu bisa protes lantaran lain milik sorangan. Dipikiran deui ayeuna, nyaah oge mun nuar tangkal teh komo nu ngahasilkeun sanajan teu alus sacara ekonomi tapi sahenteuna ku lobana tatangkalan nu galede pangaruhna rea pisan kana kaawetan lingkungan. Geura tingali wae dina handapeun tangkal limus teh sok aya tatangkalan sejen nu harirup subur lantaran kaiuhan ku tangkalna atawa kagemukan ku daun limus buruk. Inget keneh kuring mah basa keur booming tangkal cengkeh. Hasil panen nu panghadena teh ayana tina tangkal sakurilingeun tangkal limus. Kagemuk ku daun limus.
Tina sakitu reana buah sanajan masih keneh aya cadangan, keukeuh da nyaah wae mun pelokna dipiceun teh lantaran aya rasa beda mun ngalamotan pelok buah teh, kumaha kituh. Sok parebut jeung dulur hayang paheula-heula meunang pelok teh.



Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Bunga Rampai

Menggapai kata-kata dalam pencapaian makna perjalanan kehidupan nan fana. Semoga manfaat untuk dunia akhirat.



Blog Rudi Santosa


Terima kasih sudah mau mampir. Seandainya mau copy paste, dipersilakan, asal jangan dibumbui dengan ditambahi atau dikurangi, apa adanya saja. Tolong dituliskan alamat blog ini. Apalagi kalo mau ambil fotonya mohon dapat disebutkan dengan lengkap dan benar sumber foto tersebut. Kalo sudah diedit agar disebutkan dengan jelas bahwa tulisannya sudah diedit. Dengan demikian tanggungjawabnya beralih kepada pengedit tulisan saya. Hak cipta hanya milik Allah Subhanahu wa ta'ala.















Supporters