Rabu, 02 November 2011

Cangkilung

Cangkilung, salah sahiji mahluk nu biasana hirup dina tangkal kawung atawa tatangkalan sajenisna nu geus dituar jeung geus semu-semu buruk tangkalna.
Ngahakanan saripati tipung nu aya dina tangkal kawung. Beda-beda jenisna teh ngan biasana warna badanna teh bodas semu koneng, bodas kajero jerona ge model guluntungan kiju parud. Di lembur mah biasana teh dipake keur eupan nguseup lauk boh di walungan atawa di situ. Bisa didahar, ceuk nu geus biasa mah kaasup girinyih cenah. Ari kuring mah boboro hayang nyobaan, gila kasebutna teh meureun kana kadaharan model kitu mah. Ongkoh geus apal yen hukumna  haram ngadahar kadaharan kitu teh.
Carita batur mah, di Papua osok didalahar si cangkilung teh keur deungeun papeda. Di Malaysia mah aya sababaraha wewengkon nu ngajadikeun cangkilung salaku kadaharan khasna. Ningali dina TV, semu narimateun naker ngadalaharan na teh. Kandungan proteinna luhur cenah, moal matak gendut kana awak. Disebutna teh ulat sagu.
Baheula mah sering pisan ngalaan cangkilung teh lantaran resep nguseup sarta boga ingon-ingon piaraan hayam jeung soang. Ngalana tina sesa-sesa panuaran tangkal kawung. Dikumpulkeun sok nepi ka ngahunyud, mun make ukuran leteran beas mah sok meunang dua wadaheun. Dibanjur ku cai panas ge langsung jengker mun keur parab hayam mah. Teu wani mikeun mun masih harirup keneh mah lantaran aya caritana hayam paeh satutasna ngahakan cangkilung. Hayam adu model hayam bangkok ngahakan cangkilung teu dicapek heula (heu heu heu) teureuy buleud tah cangkilung teh kabeneran ngadon nyangked dina tikorona. Atuh si hayam teh gagarapakan nepi ka tiwasna.
Ari keur nguseup mah ngahaja kudu dihirupan lantaran bangsana lauk bogo boncel lele hampal mah karesepna teh ningali nu ungked-ungkedan keneh. Clom giriwil lah make cangkilung mah, moal matak lila teuing nungguan. Teu kawas eupan nu sejenna nu kudu nyampur sagala bahanna, cangkilung mah tinggal kaitkeun kana useup terus alungkeun ka tempat nu dituju. Awet pisan eupan cangkilung mah, mun keur kabeneran mah bisa dipake dua kali saentosna ngangkat lauk teh, asal teu kateleg ku laukna. Aya hiji syarat nu pasti mun hayang meunang hasil nguseuo nu mucekil salian ti make eupan cangkilung tempatna oge kudu nu loba laukna. Percumah atuh sanajan make cangkilung oge ari tempat nu diuseupanna euweuh laukan mah sarua jeung wae bohong.
  

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Bunga Rampai

Menggapai kata-kata dalam pencapaian makna perjalanan kehidupan nan fana. Semoga manfaat untuk dunia akhirat.



Blog Rudi Santosa


Terima kasih sudah mau mampir. Seandainya mau copy paste, dipersilakan, asal jangan dibumbui dengan ditambahi atau dikurangi, apa adanya saja. Tolong dituliskan alamat blog ini. Apalagi kalo mau ambil fotonya mohon dapat disebutkan dengan lengkap dan benar sumber foto tersebut. Kalo sudah diedit agar disebutkan dengan jelas bahwa tulisannya sudah diedit. Dengan demikian tanggungjawabnya beralih kepada pengedit tulisan saya. Hak cipta hanya milik Allah Subhanahu wa ta'ala.















Supporters