Senin, 19 September 2011

Girimis Kasorenakeun

girimis kasorenakeun


Lagu ieu ciptaan Mang Koko


girimis kasorenakeun
ngeunteungan sewu katineung
katumbiri payung langit
awor jeung cipanon ngembeng
awor jeung cipanon ngembeng
ngalangkang galeuh lamunan
ngaliwung kalbu nu liwung
naon deui nu rek didagoan

duuuuh .......
kabeh geus mungkas adegan
geus tamat lalakon
leungiteun udagan
mungkas mangsa pikeun muja jeung dipuja



Mun dilenyepan mah matak kagagas lagu ieu teh. Matak ngenes pisan, kudu pinuh ku karumasaan ngalenyepanna teh. Ceuk pamanggih kuring, lagu ieu ngagambarkeun hiji mangsa nu baris kalakonan ku sakumna jalma, saha wae, nu jugala, nu jaya, nu sangsara, nu kasep, nu hade hate, nu rubak taktakna, kabeh baris ngalakonan. Hiji mangsa tinggal sorangan nu kudu tanggungjawab kana sagala rupana, enya sorangan taya deui nu ngabaturan iwal ti sagala kalakuan nu menta tanggungjawab naon jeung naon sababna sarta baris kaala pahalana hade gorengna kantun ditarima. Salengkah wungkul, enya sakadar salengkah deui, ngahareupan jugang liang 1x2 meter, kitu ge mun aya nu nguburkeun, da ari samodel nu keuna tsunami mah teu perelu dibejerbeaskeun kaayaannana. Rek teu keueung kumaha geura?


1 komentar:

Bunga Rampai

Menggapai kata-kata dalam pencapaian makna perjalanan kehidupan nan fana. Semoga manfaat untuk dunia akhirat.



Blog Rudi Santosa


Terima kasih sudah mau mampir. Seandainya mau copy paste, dipersilakan, asal jangan dibumbui dengan ditambahi atau dikurangi, apa adanya saja. Tolong dituliskan alamat blog ini. Apalagi kalo mau ambil fotonya mohon dapat disebutkan dengan lengkap dan benar sumber foto tersebut. Kalo sudah diedit agar disebutkan dengan jelas bahwa tulisannya sudah diedit. Dengan demikian tanggungjawabnya beralih kepada pengedit tulisan saya. Hak cipta hanya milik Allah Subhanahu wa ta'ala.















Supporters