Rabu, 28 Maret 2012

Pangaruh Naekna Harga BBM

Acan oge harga BBM naek, pangaruhna geus karasa pisan. Mimiti indit ti imah pamajikan geus ngomong harga-harga bahan kadaharan geus naek, teu pira naekna mah diantara 500 nepi ka 2.000. Tapi ari balanjana loba jeung macem-macemna mah keukeuh wae jadi nambahan biaya nu kudu dikaluarkeun. Rek teu loba kumaha atuh, anak 3 nu leutik nu gede, nu gawe di imah aya 2an. Piraku teu loba biaya. Basa turun tina motor, indit bareng ka parapatan, pamajikan menta ongkos, ieu ge geus beda deui wae, biasana ukur 5.000 ge cukup eh malah nambah menta 5.000 deui, cenah keur jaga-jaga. Nepi ka kantor meuli sangu ati ampela tahu jeung tempe orek nu biasana ngan 8.000an jadi 10.000an padahal porsina sarua jeung kamarina. Bari sura seuri nu dagangna teh nyarita "Pengaruh dari BBM Pa"  Ah ......... teu loba omong, bayar wae, duit aya keneh ieuh.
Poe ieu teh acan naek harga bengsinna mah, karek ge aya rancana naek. Kumaha mun geus beneran naek nya? Bisa dibayangkeun sakabeh hahargaan pasti bakal pada pasusul-susul naraek. Nu tadina geus naek oge pasti bakal miluan ditaekkeun deui lantaran nu dagang mah hayang untung nu leuwih gede deui. Pantangan panggede-gedena mun nurunkeun harga teh. Bener sich ...... mun dagang mah neangan untung. Kumaha atuh ? Heug bae lah, kuma karep didinya, nu penting mah rek hargana sabaraha bae oge teu paduli lah .......asal tetep kabeuli wae.
Salaku rahayat biasa mah, bisana ngan ukur narima kana kanyataan jeung kaayaan bari jeung tetep ngadu'akeun mudah-mudahan sok sanajan hahargaan arek pada naraek deui oge ulah matak ngajadikeun masalah pikeun sing saha wae nu ngabutuhkeun, atuh kaamanan jeung katertiban tetep kajaga dina harti sabener-benerna. Rasa aman jeung rasa tengtrem baris ngajamin kana gampangna rakyat pikeun nyiar kipayah, Insya Allah. 
Sok bae lah masing rek dinaekkeun sabaraha kali ratus tikel oge asal engkena aya pikeun meulina deui. Bisa tetep nabung, bisa tetep mayaran hutang nu keur meumeujeuhna numpuk, bisa tetep mayar biaya sakola barudak, bisa tetep meuli sagala rupa kaperluan bari jeung gampang barang beulina. Pokona sing leuwih lancar dina sagala rupana.
Aya nu demo wae mangga dipersilakan, asal tong matak ngaganggu kana kahirupan. Tambah macet mah wajar wae da teu unggal taun ieuh pan naek harga BBM teh?
Mudah-mudahan ku naekna harga BBM bisa ngajadikeun pamarentah leuwih bisa adil jeung leuwih fokus ngurangan hutang nagara, bisa leuwih lancar dina raraga ngabangun nagara.
Mudah-mudahan rahayat nu cenah kabeungbeuratan ku naekna harga BBM sing bisa neangan cara supaya teu beuki kabeulit ku kamiskinan.
Lain suudzon, cenah aya jatah raskin cenah aya blt eta  lain sakadar arep-arepeun keur rahayat mah, memang sakuduna aya, kudu aya bener-bener. Lain sakadar raskin lain sakadar blt, mun bisa mah kudu leuwih ti kitu. Terus sing bener tepat sasaran jalma nu narimana. Kawajiban utama pikeun pamarentah supaya bisa ningkatkeun tingkat kamakmuran rahayatna. Kawajiban masyarakat ngawaskeunnana supaya bener jalma nu sakuduna ditulungan nu meunang bantuan, lain kalahka duitna teh asup ka jalma nu sabenerna teu merlukeun ngan kulantaran sarakah jadi kabagean. Loba lah contona mah teu kudu disebutkeun. Dido'akeun sing enggal sadar. 
Mun baheula geus jangji mangsa kampanyeu hayang jadi wakil rahayat atawa jadi pajabat baris ngalaksanakeun ieu itu pikeun ningkatkeun karaharjaan nagara jeung rahayatna, omat satekah polah kudu dicumponan. Mun teu jadi kanyataan, sok bae tanggungjawabkeun engke di aherat.
Hasil dana tina naekna harga BBM rancanana arek digunakeun keur kapentingan nu leuwih penting utamana ningkatkeun kasajahtraan masyarakat. Mudah-mudahan laksana tur hasilna sugema. Keun wae masalah nu protes nu ngadukung mah. Kumaha deui atuh ari geus kuduna kitu mah. Mudah-mudahan sing pada ngalarti jeung pada jembar manah.
Matak ngerik kana ati boh maca tina surat kabar, maca ti internet, maca dina blog ku naekna BBM utamana solar jeung premium loba pisan kanyahoan jalma nu curaling ngajadikeun hal ieu pikeun narik kauntungan keur pribadi atawa pausahaannana ku cara ngumpulkeun saloba-lobana solar atawa premium saacan hargana naek terus dijual deui mangsana harga tos naek, nimbun barang istilahna mah. Jalma nu kitu nu sabenerna kudu dimiskinkeun teh lantaran kalakuannana teu parok jeung jalma normal, boro-boro hayang mantuan atawa milu ngarasakeun pait peuheurna kahirupan nu kaalaman ku rahayat. Digebruskeun wae sina teuleum dina solar atawa premium nu dikumpulkeunnana, pantesna teh.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Bunga Rampai

Menggapai kata-kata dalam pencapaian makna perjalanan kehidupan nan fana. Semoga manfaat untuk dunia akhirat.



Blog Rudi Santosa


Terima kasih sudah mau mampir. Seandainya mau copy paste, dipersilakan, asal jangan dibumbui dengan ditambahi atau dikurangi, apa adanya saja. Tolong dituliskan alamat blog ini. Apalagi kalo mau ambil fotonya mohon dapat disebutkan dengan lengkap dan benar sumber foto tersebut. Kalo sudah diedit agar disebutkan dengan jelas bahwa tulisannya sudah diedit. Dengan demikian tanggungjawabnya beralih kepada pengedit tulisan saya. Hak cipta hanya milik Allah Subhanahu wa ta'ala.















Supporters