Selasa, 27 Maret 2012

BBM naek hargana

Lain pipilueun kana urusan batur, tapi sabab aya pangaruhna kana kahirupan sorangan jeung kulawarga, nya kasebut wajar mun kuring miluan komentar ngeunaan harega BBM nu baris naek engke 1 April 2012 utamana bengsin jenis premium nu tadina 4.500 jadi 6.000. BBM nu dimaksud ku kuring lain Black Berry Messenger tapi Bahan Bakar Minyak.
Harega BBMna nepi ka poe ayeuna tanggal 28 Maret 2012 can naek masih keneh ngagunakeun harga heubeul. Tapi kulantaran aya rancana ti pamarentah nu arek naekkeun hargana, barang-barang sejen kayaning beas, endog, lauk, tipung tarigu, semen, kai, keusik jeung rea-rea deui geus pada miheulaan naek hargana. Alesan nu ngajualna loba pisan diantarana nu panglobana ; ti dituna tos naek. Ti dituna teh timana? Ti distributorna atawa ti pabrikan? Panjang jigana mun disusud mah lantaran jalur masarkeun barang teh sababaraha tahapan. Geus lah tong dipikiran ari nu pentingna mah harega barang geus naek sanajan harga bengsinna masih nu heubeul. Moal aya kamungkinan mun turun deui teh lantaran nu dagangna geus ngeunaheun make harga nu anyar. Misalna harga bengsin teu jadi naek oge moal aya ti dituna mun harga barang nu geus naek baris turun. Ari kangaranan barang mah, nu kajeueung ku kuring, hayang naek terus hargana bari cadu turun harga.
Keur sakuringeun, mun BBM naek teh satuju pisan, jeung memang kudu saterusna BBM mah naek. Geus aya hukum alamna. Mun BBM teu naek pasti bakal loba nu ngambek lantaran kaperluannana teu kacumponan, aya indikasi pompa bengsinna teu bener, SPBUna tutup, SPBUna ruksak atawa atawa atawa. Bayangkeun, lamun nu rek meuli BBM geus mikeun duitna tapi BBMna can meunang wae lantaran BBM teu naek-naek, kajadiannana bisa tragis tah, bisa jadi diruksak SPBU nu nyadiakeun BBM. Kangaranan BBM naek mah wajar, wajar pisan, jeung kuduna kitu lantaran panampungan BBM teh ayana di handapeun taneuh, tangki BBM mah dipendemna jeroeun taneuh. Tempatna teh di handap, sahandapeun SPBU sahandapeun jalanan umum, jerona bisa dua meteran leuwih. Tah supaya BBM bisa dijual, kudu dinaekkeun ku cara dikompa make mesin pompa bengsin. Tujuan dikubur di handapeun taneuh utamana nyaeta keur kaamanan jeung ngajaga hal-hal nu teu dipikaharep boh ku nu ngabogaan SPBU, pagawe SPBU, atawa masyarakat sabudeureunnana. Jadi BBM naek mah hal pangwajarna jeung ulah dipikiran lantaran memang BBM mah geus tidituna kudu naek. Tarima wae sing ikhlas.
Intermeso eta mah, nu jadi masalah lain BBMna ngan harega BBMna.
Heueuh ....... kitu ....... bener ........ harega BBMna ...... dodol.
Tah dina masalah harega BBM yeuh nu teu dipikangarti ku kuring, jeung teu perlu ngarti sigana teh da kuring mah teu digawe di Pertamina atawa di DPR ieuh. Nu kudu ngarti teh ku naekna harega BBM kuring kudu bisa nyadiakeun duit leuwih kira-kira saparapatna dibandingkeun tina poe-poe biasa saacan harega BBM naek. Bisa? Insya Allah bakal bisa pisan. Tinggal nyalenggorkeun tina hal-hal leutik wae, contona nu biasana ngaroko dua bungkus sapoe dikurangan jadi sabungkus sapoe. Duit harega roko sabungkus dicadangkeun keur meuli bengsin. He he he ...... ironis sekali ya .... roko 13 rebuan sabungkus kabeuli, naha atuh ari bengsin 6.000 an piraku teu kabeuli.
Kuring butuh BBM teh paling pol 3 liter dina waktu 5 poe gawe jeung 2 poe pere. Kaasup irit lantaran pulang balik indit gawe make motor. Mun pareng jeung kulawarga jalan-jalan nya make mobil eta ge saminggu sakali kadang-kadang wae teu mayeng misti saminggu sakali. Mun make mobil paling loba beak bengsin teh 25.000 eun. Tara jauh jalan-jalanna ge, paling ngalongokan lanceuk nu jarakna 4 kiloan atawa balanja kaperluan bulanan jarakna 2 kiloan. Eta teh dina harga bengsin 4.500. Pasti moal aya parobahan lantaran rutinitas ngan sakikituna. Moal karasa sigana mun harega bengsin wungkul nu naek teh. Tapi nu matak jangar mah lantaran harega barang-barang sejenna nu naekna teu kira-kira.
Bae ah dilakonan wae, sugan jeung sugan gajih naek ........... meunang bonus ............. Insya Allah. Der ah .............

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Bunga Rampai

Menggapai kata-kata dalam pencapaian makna perjalanan kehidupan nan fana. Semoga manfaat untuk dunia akhirat.



Blog Rudi Santosa


Terima kasih sudah mau mampir. Seandainya mau copy paste, dipersilakan, asal jangan dibumbui dengan ditambahi atau dikurangi, apa adanya saja. Tolong dituliskan alamat blog ini. Apalagi kalo mau ambil fotonya mohon dapat disebutkan dengan lengkap dan benar sumber foto tersebut. Kalo sudah diedit agar disebutkan dengan jelas bahwa tulisannya sudah diedit. Dengan demikian tanggungjawabnya beralih kepada pengedit tulisan saya. Hak cipta hanya milik Allah Subhanahu wa ta'ala.















Supporters