Selasa, 22 Maret 2011

Situ Lengkong Panjalu

Sakainget kuring, Situ Lengkong Panjalu ti baheula (taun 80an) oge tos rame ku nu ngahaja jarah nyekar ka patilasan nu aya di Situ Lengkong atawa nu ngadon nguseup lauk. Laukna nu kasohor teh Nila jeung Mujaer hideung. Malah mah aya catur ti tukang nguseup teuing bener teuing henteu cenah kungsi ngangkat jaer hideung sagede nyiru. Bisa jadi kulantaran lobana kahakanan lauk jeung legana Situ Lengkong.
Situ Lengkong ayana teh di lingkungan pagunungan, kaasup dataran tinggi. Ceuk ukuran kuring mah kaasup aneh aya situ di gunung kawas kitu. Na timana asal caina? Ah ....... yakin kuring mah eta sumber cai keur Situ Lengkong asalna tina kakawasaan Allah SWT pastina ge.
Keur sakuringeun, mun nyaritakeun Situ Lengkong teh sok ngahudang keueung. Keueung ningali caina nu biru kolot kabayang jerona eta situ. Mun pareng indit-inditan ngaliwatan Panjalu osok rada ngarengkog pas pengkolan ti arah Maparah, teruskeun atawa lempeng wae? Nepi ka ayeuna eta rasa teh aya keneh. Komo ayeuna mah sabada ditembok sisina jadi leuwih atra pisan titingalian ka lebah Situ Lengkong. Ongkoh teu dihalangan pager jadi rada palalaur oge ngaliwat ka dinya teh.
Situ Lengkong kaasup wewengkon Panjalu, ayeuna beuki kasohor wae, daya pangirutna beuki kagosok hurung mancur ngagenclang herang kawas inten berlian satutasna dianjangan ku Almarhum K.H. Abdurrahman Wahid - Persiden RI manten. Nu ziarah beuki ngalobaan, katingali tina plat nomer mobil nu daratang diantarana ti Bogor, Purwokerto, Semarang, Bandung, Jakarta jeung rea-rea deui. Wajar jeung memang kudu kituna. Tanah Panjalu teh tanah berkah keur wargana. Tanah nu dido'aan mulya ku para aulia jeung luluhur Panjalu.

2 komentar:

  1. Pa rudse...aduuhhhh...kaga ngarti pisan aku mah...wkwkwkwk

    BalasHapus
  2. he he he....... maaf, kan ada yang pake bahasa indonesia juga dech...... beda bahasan .....
    Terima kasih udah mau baca walau kagak ngarti pisan .

    BalasHapus

Bunga Rampai

Menggapai kata-kata dalam pencapaian makna perjalanan kehidupan nan fana. Semoga manfaat untuk dunia akhirat.



Blog Rudi Santosa


Terima kasih sudah mau mampir. Seandainya mau copy paste, dipersilakan, asal jangan dibumbui dengan ditambahi atau dikurangi, apa adanya saja. Tolong dituliskan alamat blog ini. Apalagi kalo mau ambil fotonya mohon dapat disebutkan dengan lengkap dan benar sumber foto tersebut. Kalo sudah diedit agar disebutkan dengan jelas bahwa tulisannya sudah diedit. Dengan demikian tanggungjawabnya beralih kepada pengedit tulisan saya. Hak cipta hanya milik Allah Subhanahu wa ta'ala.















Supporters