Selasa, 22 Maret 2011

Situ Hyang Sadewata jeung Situ Lengkong Panjalu

Pangeling-eling waktos ngalongok pun biang di lembur.
Ieu mah sakadar ngawawaas wae kana panineungan baheula jaman keur cicing di lembur keneh osok ngala haremis jeung remis kijing di Situ Hyang. Lumayan aya karesep aya kaulinan bari diajar wani ngojay di Situ nu jerona leuwih kurang 14 meteran. Sok meunang sakarung orea mun ngala teh. Ngalana make gantar di puhuna ditalian make sisiuk tina awi atawa sair bongkok. Biasana haremis atawa remis kijing didaharna sanggeus diasakan make bungbu koneng. Rada mewah teh mun digoreng garing, mewah dina harti tina saember teh paling jadi sapiring. Pan digoreng mah jadi ngariut haremisna. Masya Allah, ngalimed wae sugan mah saking ni'matna. Teu hayang ngagehan nu sejen, embung kasoro batur. Komo daharna teh mun dibarengan jeung pais hurang, beunteur, jongjolong meunang ngala ti sisi Situ Hyang. Sambel tarasi ledok waeh make tomat hejo bari ongkoh nambulan cengek atah. Wuuuuuuuuih ......... hayang balik deui ka baheula.
Muhun eta mah baheula panineungan mangsa keur ngora. Aya nu moal kagantian rasana mun dibandingkeun jeung kaayaan mangsa ayeuna, lah ........ hese hese pisan dicaturkeunnana.
Ngan nyakitu tea wae kaayaan baheula mah beda jeung ayeuna. Baheula mah Situ Hyang teh lega keneh pisan, duka sabaraha hektar eta teh. Batesna ti lapangan bola nu ayeuna jadi SMPN Sadewata di Jungga nepi ka landeuheun Cipelah teh masih keneh aya situna. Heueuh baheula eta mah. Tah mangsa ayeuna mah eta Situ Hyang sesana teh tinggal saparapatna, boa kurang. Beuki ngaleutikan wae lantaran ngahaja disered atawa kasered ku tai pacul he he he ...... Jalma tea atuh teu kaopan. Tadina boga tanah sisi situ ngan sapuluh meter lila lila mah jadi saratus meter. Kumaha carana atuh? Saeuran wae tina cikolomberan atawa ngahaja ngangkutan runtah daun cengkeh, nya sabangsaning dangdaunan nu gampang buruk. Tumpuk terusssssssss ........ ku waktu mah jadi taneuh geuningan.
Kade ulah salah paham, euweuh niat ngajejeleh sim kuring mah, ieu mah ngan saukur ngajelaskeun kanyataan jeung kaayaan nu katempo jeung kaalaman ku sim kuring dina mangsa baheula diteruskeun nepi ka mangsa ayeuna.
Kira-kirana mun Situ Hyang ngaleungit naha rek rido?
Cik sok kudu kumaha atuh ngakalannana?
Gambar Situ Hyang ngan aya 4, ningalina ti handapeun tulisan ieu itung opat ka handap.
Tah, nomer 5 jeung saterusna eta mah gambar Situ Lengkong nu aya di Panjalu.
Aya naon di Situ Lengkong?
Insya Allah hiji mangsa mah bakal dipedar deui.
Cag ah .......
Jakarta 22 Maret 2011 Jam 16:12













Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Bunga Rampai

Menggapai kata-kata dalam pencapaian makna perjalanan kehidupan nan fana. Semoga manfaat untuk dunia akhirat.



Blog Rudi Santosa


Terima kasih sudah mau mampir. Seandainya mau copy paste, dipersilakan, asal jangan dibumbui dengan ditambahi atau dikurangi, apa adanya saja. Tolong dituliskan alamat blog ini. Apalagi kalo mau ambil fotonya mohon dapat disebutkan dengan lengkap dan benar sumber foto tersebut. Kalo sudah diedit agar disebutkan dengan jelas bahwa tulisannya sudah diedit. Dengan demikian tanggungjawabnya beralih kepada pengedit tulisan saya. Hak cipta hanya milik Allah Subhanahu wa ta'ala.















Supporters