Minggu, 19 Mei 2013

Nasi Goreng

Jam sakieu beuteung keur meumeujeuhna ngurubuk hayang gancang-gancang dieusian. Teu kudu dipersabenan lantaran geus hakna sakadang beuteung meunang jatah, iwal ti mun urangna keur puasa. Urang ??? ilaing wae meureun teu kudu mamawa sim kuring hi hi hi ..... Naon atuh kira-kirana nu bisa matak wareg tur cara nyadiakeunnana gancang? Syaratna kudu haneut ongkoh mangsa disuguhkeunnana supaya nambahan rasa kabongroy jeung utamana mah teu matak piboseneun? Taaaah .... saluyu jeung judulna mangga sayogikeun " Nasi Goreng ".
Naha make Basa Indonesia geuning? Apanan ngabahasna make Basa Sunda, kira-kira nyambung henteu nya? Lah ... teu kudu dipikiran lantaran harti Nasi Goreng geus pada paham geus prah ti baretona geus ngalarti naon maksudna Nasi Goreng. Nya heueuh atuh moal nyambung mun dihartikeun sahiji sahiji tina kalimahna mah. Bae ah urang bahas wae sakalian. Nasi Goreng mun dihartikeun dina Basa Sunda sapertos kieu ; Nasi hartina Sangu, Kejo. Goreng hartina butut, teu alus, bisa oge ngagoreng alias ngasakan kadaharan ku cara dianclomkeun kana minyak kalapa panas nepi ka kadaharan asak jeung bisa didahar. Tong tutung ngagoreng mah sabab mun tutung disebutna lain gorengan deui tapi tutungan. Jadi ceuk harti sajalantrahna Nasi Goreng mun disundakeun jadi Kejo Butut, asa teu pantes ah .... Nasi Goreng mah Sangu Goreng wae cekap panginten ....
Ceuk sim kuring, Nasi Goreng alias Sangu Goreng teh nyaeta sangu nu diolah kalayan ngagunakeun minyak sanajan teu loba terus dicampur ku bungbu-bungbu nu cocog jeung kaperluannana. Sakainget mah, ti baheula, nyieun Nasi Goreng biasana make sangu pasesaan kamari, nu matak sanguna teh khasna sok rada semu bear teu kawas sangu pulen nu pating perentil badag, Sangu Goreng mah kawas marisah hiji hiji balaleger. Da jeung  aya benerna, memang rasana teh kawas ngarasaan sangu kamari, heueuh asa pernah ngadahar nu kieu mah poe kamari hi hi hi ....... bit ketang.
Carita baheula keneh, biasana  mun nyieun Sangu Goreng sok ngahaja ngetrukkeun sangu tina boboko, ngaberesihan sesa-sesa sangu nu nempel keneh dina sisi boboko. Geus meunang sapiring karek nyieun bungbuna. Lantaran sim kuring mah resep kana bawang beureum mangkana sok dilobaan bawang beureumna teh, paling saeutik dua sihung bawang beureum nu saukuran bal pingpong. Keur ngimbangan bau bawang beureum, muncangna osok ditambahan leuwih loba. Murah pisan muncang mah, di lembur teu kudu meuli tinggal mulungan handapeun tangkalna, judrah. Jadi lantaran loba bawang beureuman, porsi bungbuna leuwih loba he he he .... mun keur kawenehan loba bungbu mah. Bungbu nu utamana mah ngan sakikituna : muncang, bawang beureum, uyah. Direndos tah sakabeh bahan nepi ka lembut, ngagalo ngajadi hiji. Bawang bodas? Ah .... teu beuki bawang bodas mah, tara ngahajakeun make bawang bodas nyieun Sangu Goreng mah. Teu resep bae ku bauna, asa ngangseu simeut goreng. 
Cara masakna gampang pisan, tagogkeun kekenceng panggorengan (kuali bahasa indonesiana mah) dina hawu mun baheula mah, mun ayeuna dina kompor. Seuneuna kudu angger ulah kulucas kalices. Abuskeun minyak kalapa kana kekenceng,  keun antep sing haneut. Mun hayang make endog cacahan goreng heula endogna bari diaduk nepi ka kawas nu burakrakan, dagoan sing nepi ka asak. Angkat heula tah si endog nu tos asak, simpen dina piring. Mun minyakna aya keneh tinggal goreng bungbuna, mun minyakna kurang atawa geus beak memeh ngagoreng bungbu tambahan heula wae minyak deui sacukupna. Sim kuring mah leuwih resep misahkeun goreng endogna sacara mandiri teu dicampurkeun bari ngagoreng sangu lantaran mun ngagorengna bareng komo mun barengna teh jeung ngagoreng bungbu rasana sok beak nyerep dina endog. Ngagoreng bungbuna kudu nepi ka semu coklat, bauna teh seungit nyambuang. Karek abruskeun sanguna bari diaduk-aduk. Geus kira-kira bungbuna nyampur jeung sangu, mangga lebetkeun goreng endogna. Sakalian potongan sayuran, sayuran naon wae : bayem, kangkung, saayana wae. Kira-kira geus semu garing karek dikecapan sacukupna sakaresepna. Tos asak mah tinggal kana piringkeun wae, kantun dituang.
 Tah kaleresan, malem Saptu kamari pun anak hayangeun sangu goreng. Ieu fotona, ngan urut-urutanna teu nyambung. Sok wae sambungkeun. Teras ebi, sayuran, cabe beureum, kurupukna teu sayogi, jadi saayana wae.








 









Terus terang wae ieu sangu goreng sanes sangu goreng ideal margi tina bahanna ge tos benten. Sanguna sangu pulen pisan jadi pas digoreng teh ngadon ngahariji. Teu nganggo cabe beureum jadi teu karasa seungitna cabe. Nu penting usaha nyenangkeun anak sukses. 
Tuh, sesana siapa lagi yang ngabisin? Bapake jadi korbanne, tapi nggak dihabisin karena lagi diet. Terus piring ama sendoknya keras banget, ga enak digigitnya.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Bunga Rampai

Menggapai kata-kata dalam pencapaian makna perjalanan kehidupan nan fana. Semoga manfaat untuk dunia akhirat.



Blog Rudi Santosa


Terima kasih sudah mau mampir. Seandainya mau copy paste, dipersilakan, asal jangan dibumbui dengan ditambahi atau dikurangi, apa adanya saja. Tolong dituliskan alamat blog ini. Apalagi kalo mau ambil fotonya mohon dapat disebutkan dengan lengkap dan benar sumber foto tersebut. Kalo sudah diedit agar disebutkan dengan jelas bahwa tulisannya sudah diedit. Dengan demikian tanggungjawabnya beralih kepada pengedit tulisan saya. Hak cipta hanya milik Allah Subhanahu wa ta'ala.















Supporters