Senin, 13 Mei 2013

Badan pegel linu

Poe saptu minggu biasana diancokeun keur waktu istirahat. Nebus cape 5 poe digawe indit isuk-isuk balik mangsana peuting. Teu penting masalah digawena mah, loba gawe atawa euweuh gawe sama sakali teu dijadikeun masalah gede. Pangutamana mah di Jakarta masalah teh mimiti ti niat arek mangkat gawe jeung niat arek balik gawe. Eta nu kudu jadi bahan pikiran teh. Kudu pas pisan ngawaktuannana, mun telat 5 menit ge gede pisan pangaruhna kana kalancaran perjalanan bulak balik imah kantor kantor imah. Memang tina macet nu matak jadi bangbaluh di Jakarta mah. Kurang sabaran matak timbul stress, murang-maring kana sagala rupa ka sarerea.
Kudu bisa ngilikan waktuna teh lantaran mun geus macet sok nepi ka teu bisa gerak sama sakali, ngahunted wae cicing teu bisa ingkah. Ka beulah kenca motor mani pateteep, ka beulah katuhu Metromini ngebul haseupna hideung ngadingding ngahalangan jalan jaba panumpangna pasesedek hayang naek najan mobilna geus dengdek sabeulah oge. Maju ka hareupeun aya bujur mobil bak nu ngangkut hebel. Nyobaan mundur ka tukang oge teu bisa lantaran tukangeun loba motor nu siap-siap miheulaan. Aya lowong saeutik oge geus teu aya basa basi langsung dilindes. Leuheung basa mun lampu lalulintasna lancar reup brayna, kadangkala lantaran aya pasesaan tina lampu hejo lawan arah heug kabeneran macet kapaksa kudu ngadagoan nepi ka 2 entragan reup brayna teh. Teu bisa nyalahkeun sasaha sabab gogorowokan ge moal aya nu paduli, salah sorangan ngaliwatan jalan macet. Leukeunan bari lakonan bae antukna mah.
Tah, pangaruh tina macet tea salian ti matak boros kana bengsin, oge kana awak matak pararegel lalinu. Geura wae sok sanajan diberag-berag oge badan mah moal bisa dibobodo, mangsana teu kuateun mah mogok sacara alami bae. Isuk-isuk poe saptu kamari hayang hudang teh hararese pisan, lain mumul lain males, ngan nyakitu teu bisa dibobodo tea, arek hudang teh asa ripuh pisan sagala karasa. Antukna nyangkere deui wae sanajan anak mah nitah hudang ku cara digorowokan nepi ka badan kuring ditindihan oge, teu rengrot-rengrot. Kumaha tuda lemes kacida.
Rada mendingan teh satutasna ngadahar vitamin, kitu ge dipaksa ngahuap bari sare satutasna dahar asal-asalan. Da tetep teu wani dahar vitamin mun can asup kadaharan sejenna mah, bisi matak aya matakna. Keukeuh ieu ge teu loba pangaruhna, kalahka asa beuki pasiksak badan. Aya semu-semu ngageter badan ge siga nu singsireumeun. Tapi lumayan bisa dipeureumkeun geus barang dahar mah, bisa sare deui. Pasosorena menta dikerokan ka pamajikan, bareureum cenah mah hasil kerokanna teh. Peutingna teu loba ceta, sanajan sieun gendut oge maksakeun dahar sangu ngarah poe minggu bisa kulayaban ulin jeung barudak. 
Poe mingguna, sugan teh geus normal, leumpang ka hareupeun imah oge geus asa teu nangan. Ah ......... kapaksa ngaringkeb deui wae. Ngajengjehe sare deui wae
Nasib ....... nasib .......... karunya ka barudak.
Mangkana mun bisa mah ulah sagala dilakukeun ku sorangan, ulah sagala hayang. Omat kudu merhatikeun kondisi badan. Jaga sing sehat, lantaran sehat mah nikmat ............nikmat nu luar biasa. Alhamdulillah .............
 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Bunga Rampai

Menggapai kata-kata dalam pencapaian makna perjalanan kehidupan nan fana. Semoga manfaat untuk dunia akhirat.



Blog Rudi Santosa


Terima kasih sudah mau mampir. Seandainya mau copy paste, dipersilakan, asal jangan dibumbui dengan ditambahi atau dikurangi, apa adanya saja. Tolong dituliskan alamat blog ini. Apalagi kalo mau ambil fotonya mohon dapat disebutkan dengan lengkap dan benar sumber foto tersebut. Kalo sudah diedit agar disebutkan dengan jelas bahwa tulisannya sudah diedit. Dengan demikian tanggungjawabnya beralih kepada pengedit tulisan saya. Hak cipta hanya milik Allah Subhanahu wa ta'ala.















Supporters