Minggu, 01 April 2012

Ngurek Belut

Ngurek belut nyaeta istilah basa sunda keur ngala belut ku cara diuseup langsung tina liang belutna.  Belut biasana hirup di alam liar dina liang-liang nu ngahaja dijieun sorangan ku sakadang belutna. Liangna kudu loba caian, ayana di : sawah, balong, walungan, susukan, situ, rawa-rawa. Loba oge nu dibudidayakeun ku cara ngahaja nyieun tempat miarana mangrupa balong atawa naon bae bentukna. Tangtu wae cara ngala belut nu hirup liar jeung nu dibudidayakeun mah beda pisan carana. Nu hirup di alam liar salah sahiji carana diala make urek. Urek teh bisa mangrupa useup biasa ngan digunakeun keur nguseup belut nu ditalianna teh make tali meunang ngararaan, digulungkeun ngabeulitan useup. Panjang tali biasana satengah meteran.
Saacan ngurek belut kudu disiapkeun heula eupanna nu alus tur bangenan: biasana make anak bangkong nu lalembut keneh, tapi kudu tegaan pas nubleskeun useupna. Kuring mah kaasup nu teu wani make anak bangkong mah, karunya. Bisa oge make cacing hirup, ngahaja ngagalian ti sisi sawah. Ieu oge kuring mah teu bisa lantaran karunya, komo mun geus dipotongan sok pating kurawil, emh .... sedih jeung karunya pisan. Nu pangamanna make keong sawah atawa tutut diala dagingna terus dijieun eupan. Lah sarua wae sigana mah mun dibandingkeun jeung cacing atawa anak bangkong teu aya onjoyna. Da ari nu pentingna mah, mun belutna lapareun atawa ngarasa kaganggu pasti eupan teh disanggut. Komo mun belutna gede mah diasongan curuk oge disanggut meureun heu heu heu eheu eheu ..........
Ngala belut make urek nu panghadena mah mangsa sawah geus siap dipelakan pare atawa pare tos kira-kira umur sabulan. Dina mangsa sawah geus siap dipelakan pare hartina sawah teh  tos beres dipacul tos diratakeun tapi can digaladagan, ditandaan jalur melak pare, urang masih bisa kekecebekan nepi ka ka tengah sawah. Terus ari geus umur sabulan pare geus mimiti kuat mun urang ngidek sagigireun pelak pare, moal matak eunyeuh atawa ngaruksak pelak pare. Ieu mah milih waktu panghadena teh salah sahiji cara ngahindarkeun tina panyarek jeung kaambek batur nu boga sawahna bisi matak ngaruksak. Sabenerna mah iraha wae oge hempek teh teuing ngala belut mah. Masing keur mangsana tandur atawa panen oge mangga dipersilakan.  Sing penting ...... aya kadaek jeung siap gagal.
Hal utama nu kudu diperhatikeun nyaeta urang kudu ngarti mana liang nu eusina belut, mana liang nu eusina keuyeup, jeung mana liang nu eusina oray. Kudu ati-ati pisan nangtukeunnana lantaran salah-salah lain meunang belut malah dicapit keuyeupatawa dipacok oray. Carana mah gampang, tingalian wae liang nu caina helab helob maksudna mangsa keur diilikan aya gerakan cai dina liang boh kerep atawa lalaunan, gerakan caina naek turun kawas anu rek disemprotkeun. Hal ieu akibat efek tina gerakan belut dina jero liang. Weleh-weleh kawas bahasan ilmiah wae. Ari nu pentingna mah feeling nu kuat jeung kabeneran alus milikna. Atawa terserah kumaha nu rek ngurek bae sakabeh liang nu katimu diasupan urek ge pek teh teuing, paling minimal meunangkeun pegel cangkeng he he he .........
Tah di handap ieu gambar liang belut nu aya eusian sakadang belut :



Diurekan waeh bari sing sabar ngadagoannana, mun nguseup lauk nilem mah tandana eupan dihakan lauk teh sok aya gerenyem nilemna. Belut oge aya gerenyem belutna, mun geus digerenyem rada disentakkeun talina lalaunan nepi ka yakin eupan geus dihakan, geus karasa beurat tarik deui lalaunan wae bari perhatikeun bener henteuna naha belut nu kaala atawa mahluk nu sejenna. Mun beurat, uluran wae talina sina rada jeroan antepkeun supaya urekna nyangreud, ke kenyedkeun saeutik-saeutik. Masing sakumaha gedena belut ge pasti eleh dibandingkeun jeung tanaga jelema mah. Mun teu katarik wae wayahna sing sabar dileukeunan wae hayoh terus tarik ulur tarik ulur.
Mun teu beunang wae, sasaran ku leungeun kana sagigireun liangna, tapi omat kudu yakin pisan nu nyanggut teh sakadang belut, lain sakadang oray. Moal mungkin keuyeup ari nyanggutna lila lila teuing mah.
Taaaaaah mun geus kaala, ieu hasilna :



Sabenerna mah sanajan liangna gede oge teu bisa ditangtukeun belut nu ngeusiannana gede, kumaha milik wae eta mah. Gambar liang nu di luhur sigana belutna badag, eh ....... geus diurek mah belutna ngan sagede curuk. Kuring ngurekna di sawah nu parena geus jangkung, kira-kira sabulan deui ge arek bisa dipanen. Matak rada hese oge neangan liang belutna teh lantaran geus kahalangan ku dapuran pare. Atuh pas belutna nyanggut oge rada lila usaha ngangkatna teh lantaran buntut belut kabantuan tanagana jadi rosa ku jalan ngabeulit kana akar-akar pare.
Lumayan keur digoreng atawa dikurumuy dina hawu. Alhamdulillah .......

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Bunga Rampai

Menggapai kata-kata dalam pencapaian makna perjalanan kehidupan nan fana. Semoga manfaat untuk dunia akhirat.



Blog Rudi Santosa


Terima kasih sudah mau mampir. Seandainya mau copy paste, dipersilakan, asal jangan dibumbui dengan ditambahi atau dikurangi, apa adanya saja. Tolong dituliskan alamat blog ini. Apalagi kalo mau ambil fotonya mohon dapat disebutkan dengan lengkap dan benar sumber foto tersebut. Kalo sudah diedit agar disebutkan dengan jelas bahwa tulisannya sudah diedit. Dengan demikian tanggungjawabnya beralih kepada pengedit tulisan saya. Hak cipta hanya milik Allah Subhanahu wa ta'ala.















Supporters