Minggu, 23 Oktober 2011

Tukang Pais Lauk

Dicaritakeun soteh pedah ngarasa diteungteuingan wae ieu mah. Aya paribasa nulungan anjing kadempet teh bener-bener. Mugia nu maca mah ulah ngalaman kahandeueul kawas kuring.
Caritana kieu :
Tanggal 23 Oktober 2011, jam 2.30 saacan subuh geus saged dangdan make baju koko sapuratina, sakulawarga geus saraged kabeh. Pamajikan jeung barudak 2an geus pada anjeucleu dina kandaraaan. Budak nu pangleutikna mah ditinggalkeun di imah dibaturan ku si Bibi, karunya leutik keneh tuda karek sataun satengah. Mun dibawa teh bisi galingging panas tiris. Ngahaja miang jam sakitu teh ngudag waktu jam 3 kudu geus nepi di Mesjid Kompleks Puri Kartika rek ngiluan ngajajap jamaah haji ti kloter 35 KBIH Al Fatih pingpinan H. Jamaludin Lc ti Banjar Wijaya - Tangerang Kota. Aya kulawarga deukeut nu rek miang ka Tanah Suci, lanceukna pamajikan jeung salakina. Alhamdulillah, ari wanci janari mah lancar geuning perjalanan teh, ngan saukur 20 menit oge geus nepi kanu dituju. Poe biasa mah sajam leuwih karek nepi mun ngaliwatan jalur Ciledug Indah teh.
Datang ka Masjid geus loba nu datang, acara teu lila dimimitian. Aya 8 pasang  calon haji nu dijajapkeun. Acarana singget jeung padet lantaran ngudag waktu nepi ka Banjar Wijaya saacan waktu solat Subuh. Bring sababaraha mobil miang ngarupakeun rombongan, ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngajajap calon jamaah haji. Anak kuring nu indit ti imah tunduheun keneh barang mireng rea mobil nu jalan jadi cenghar. Dititah sare teh embungeun. Resepeun ningali lampu kelap kelip. Malah jadi inget kana kamera nu poho teu kabawa.
Alhamdulillah, nepi ka Banjar Wijaya teh saacan adan Subuh. Atuh tumaninah pisan, bisa ngobrol heula jeung sakabeh dulur nu kumpul. Tarapti lah ti mimiti neangan tempat wudu, sholat, terus ngiluan acara piwejang ka para calon jamaah haji oge pangdu'a ti para sesepuh. Lancar pisan jeung merenah.
Terus ngabring deui rombongan teh ka tujuan ahir ngajajap calon jamaah haji nyaeta Masjid Al Azhom - Tangerang. Lumayan, beuki ngalobaan nu jajap teh lantaran rombongan ngarupakeun gabungan ti sababaraha tempat. Jalanan masih lancar keneh pisan. Jam satengah genep geus nepi ka panto gerbang Al Azhom. Masya Allah, rarasaan teh pangisukna datang ka dinya teh. Heug teh geuning geus loba pisan nu datang leuwih ti heula. Mobil katahan teu bisa asup lantaran aya kumpulan jalma ngagimbung hareupeun antrian. Tapi lila-lila nyingray oge. Ari sugan teh aya naon, katingali ti kajauhan aya Irwansyah salakina Zaskia Sungkar keur ngaladenan jalma nu hayang difoto bareng. Sigana ngiluan jajap oge. Ngaranna artis loba nu resepeun. Nyingray soteh sigana lantaran aya Bapa-bapa make mobil panther beureum nu ngambek ngarasa kahalangan jalanna. Lancar waeh jalan teh, tinggal neangan tempat parkiran. Mikir rada lila oge kudu dimana parkir geus 3 baris kitu mah bakal hese kaluarna atuh. Ahirna meunang parkir deukeut pos jaga panghareupna pisan deukeut ka lampu lalu lintas. Jauh pisan jarakna ti tempat kumpulna beus nu bakal ngangkut calon jamaah haji mah.  Tapi, keun wae lah itung-itung olahraga leumpang sakitu mah.
Lanceuk teh meunang beus No. 4, pasesedek jalma nu hayang ningali rombongan calon jamaah haji teh lantaran loba pisan. Leumpang ge hese da ongkoh salian ti jalmana noyek, loba oge nu daragang sagala rupa kamonesan jeung kadaharan. Anak kuring mah biasa menta dipangmeulikeun kaulinan jeung roti. Tos ningali naek mobil mah kuring jeung anak kuring ngajauhan mobil mere kasempetan ka nu sejen nu seja silaturahmi ka calon jamaah haji.
Tah geus meunang tempat nu kira-kira teu ngahalangan batur karek bisa diuk nyanghunjar bari ngilikan nu lalar liwat. Pareng ningali tukang dagang pais lauk keur nyanghareupan dagangannana. Badanna begang, ngora keneh katingalina mah ngan kawas nu capeeun pisan. Ari conto dagangannana aya 2 bungkus dibuka keur nu rek ngasaan. Loba nu nyewolan laukna teh, ngan can katingali aya nu meuli. Disampeurkeun waeh hayang nyaho barang dagangannana, teu niat ngasaan. Si tukang dagang nawarkeun barangna ka kuring make basa indonesia ngan tina logatna katingali urang sunda. Diajak ngobrol wae make basa sunda biasa nanya naon nu didagangkeun hargana sabaraha. Malah mah si tukang dagang teh nyaritakeun rancatannana ngadon potong dipake ngangkut barang dagangannana. Lantaran karunya can aya nu meuli nya kuring meuli sabungkus, ceunah pais lauk kancra saperti conto pais lauk nu dibuka. Teu loba carita deui pais lauk teh dibungkus waeh teu dipariksa eusina teu diasaan heula. Pokona percaya 100% ka si tukang dagang. Pikiran teh maenya make jeung nipu sagala dina acara nu pinuh ku kaberkahan kitu.
Singget carita, kuring geus balik deui ka imah. Basa naek mobil, pamajikan nanyakeun naon eta dibungkus plastik hideung? Pais lauk kancra jang engke deungeun sangu di imah jawab teh. Kabayangkeun sangu ngebul pais lauk kancra haneut, sambel goang, jeung kurupuk kulit. Di Banjar Wijaya kabeneran geus ngahajakeun meuli supa pare 3 bungkus rek digoreng garing. Wuiiiiiiih ............ lengkep pisan.
Nepi ka imah pamajikan ngasakan supa pare, terus nyieun sambel goang, tah si pais lauk dihaneutkeun dina microwave langseng cap kapak make cai ngagolak he he he ....... Berkah nepi ka ayeuna can kabeuli microwave mah.
Geus siap sagalana, kuring sakulawarga ngariung rek dahar isuk-isuk babarengan. Kacipta ni'matna dahar make pais lauk kancra. Dibuka waeh tah si bungkusan lauk kancra teh. Salapis dua lapis tilu lapis can katingali keneh wae geuning pais lauk teh. Geus mimiti curiga boa boa katipu. lapisan kaopat gorehel teh bungkusan daun cau dilipet-lipet aya kana sapuluh lapis mah. Lantaran lipetannana asal jadi ngagenduk leuwih gede ti samistina. lapisan kalima karek aya bungkusan leutik geus beda rupa daunna teh semu-semu hideung lila digodog, duri lunak meureun heu heu heu  ....... katingali aya buntut lauk da soek saeutik. Ieu meureun pais lauk kancrana teh. Teu curiga lain lauk kancra ah bae lah leutik oge nu penting kancra waeh. Terus dibuka tah si pais lauk teh, masya allah .......... aya opat siki pais lauk teh ngan lain lauk kancra tapi lauk nila hideung sasiki, lauk nila beureum tilu siki ukuran laleutik 5 sentian panjangna teh make samara asal nempel wungkul. Gogodeg giras pisan kuring teh. Kacida pisan tukang jualan pais lauk aya ku matak heneg medenghel. Teu hayang nempo deui kuring kana eta pais lauk. Ongkoh heneg seueul ongkoh hayang seuri ongkoh hayang ngambek. Bener bener kurang ajar tah tukang pais lauk. Boro-boro bisa dahar ngeunah.
Cik atuh tukang pais lauk rek nipu mah ulah di tempat nu kitu. Rea jalma keur nyiar berkah kalahka dicuraling. Dosana manglipet-lipet Mang ......

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Bunga Rampai

Menggapai kata-kata dalam pencapaian makna perjalanan kehidupan nan fana. Semoga manfaat untuk dunia akhirat.



Blog Rudi Santosa


Terima kasih sudah mau mampir. Seandainya mau copy paste, dipersilakan, asal jangan dibumbui dengan ditambahi atau dikurangi, apa adanya saja. Tolong dituliskan alamat blog ini. Apalagi kalo mau ambil fotonya mohon dapat disebutkan dengan lengkap dan benar sumber foto tersebut. Kalo sudah diedit agar disebutkan dengan jelas bahwa tulisannya sudah diedit. Dengan demikian tanggungjawabnya beralih kepada pengedit tulisan saya. Hak cipta hanya milik Allah Subhanahu wa ta'ala.















Supporters