Senin, 24 Februari 2014

Sagon

Sagon beda deui jeung Saigon. Sagon kaasup kadaharan lawas khas sunda. Saigon mah ayana di Vietnam, ngaran kota. Sagon dijieunna tina tipung beas ketan, kalapa kolot meunang marud digalokeun dicitak dipurulukan gula bodas saeutik terus dipanggang dina oven nepi ka semu coklat. Tah model ieu gambarna .


Biasana sagon diayakeun dina mangsa-mangsa nyanghareupan hajat atawa aya kagiatan penting samodel kariaan nyunatan, nikah, atawa rek lebaran. 
Nyieun sagon mah kudu sabar pisan bari tartib tur taliti. Mangkana mangsa kaayeunakeun mah sagon teh jarang dijieun lantaran perlu waktu tea. Leukleuk kasebutna teh.
Ari rasa sagon prah wae kawas kueh nu dijieun tina tipung beas ketan, bedana teh mun pareng kabesekan keur dahar sagon sok asa ngebul irung lantaran aya nu muruluk tina garing-garingna sagon.
Pangraosna ngadahar sagon dina mangsa pasosore dibaturan ku cienteh panas atawa kopi pait. Disuruput saeutik-saeutik kopina bari dibarengan ngegel sagon. 
Sagon kaasup kadaharan nu gampang robah rasana jeung gampang ancur oge. Supaya teu babari ancur, sagon ditempatkeun dina tempat nu kuat saperti keler kaca. Jeung tempatna teh kudu katutup pikeun nahan hawa luar supaya teu robah rasana. Hal ieu pisan sigana nu nyababkeun teu loba jalma nu ngahaja ngokolakeun sagon pikeun kadaharan sapopoe, mangkana sagon kaasup barang langka.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Bunga Rampai

Menggapai kata-kata dalam pencapaian makna perjalanan kehidupan nan fana. Semoga manfaat untuk dunia akhirat.



Blog Rudi Santosa


Terima kasih sudah mau mampir. Seandainya mau copy paste, dipersilakan, asal jangan dibumbui dengan ditambahi atau dikurangi, apa adanya saja. Tolong dituliskan alamat blog ini. Apalagi kalo mau ambil fotonya mohon dapat disebutkan dengan lengkap dan benar sumber foto tersebut. Kalo sudah diedit agar disebutkan dengan jelas bahwa tulisannya sudah diedit. Dengan demikian tanggungjawabnya beralih kepada pengedit tulisan saya. Hak cipta hanya milik Allah Subhanahu wa ta'ala.















Supporters