Rabu, 29 November 2017

Cau Nanas


Tah ieu gambar téh salah sahiji cau nu tumuwuh di Tatar Sunda. Di lembur kuring mah katelahna Cau Ganas atawa Cau Danas. Prah waé tangkalna mah kawas tangkal cau nu séjénna. Ngan mun geus kaluar picaueunnana, turuyna téh teu ngulapés tungkul tapi tanggah ka arah cahaya panon poé. Teu ilahar. 
Hanjakal geus arang langka nu melak di lembur kuring mah. Nasibna kawas tangkal cau lampénéng waé, jadi tutuwuhan antik. Padahal mun leukeun mah, tinggal ceb melakkeun wungkul, lumayan. Hargana éta nu na gambar dua siki sapuluh rebu. Rega taun 2017 ieu téh. Padahal tina saturuy cauna leuwih ti dua puluh siki. Eta nu sapuluh rébu dua siki lantaran cauna lembut. Nu baradag mah sasiki sapuluh rébu. Kantun étang waé mun cauna saturuy mah. Seueur nu balanja mah ulah hamham. Cau ieu tahan lami, saminggu diantepkeun teu robah rupa jeung rasa sanajan teu diawétkeun.
Ngolahna tiasa didahar langsung tiasa ogé dibubur diseupan digoréng. Sagala rupa kaolahan cau waé.
Mangga bilih hoyong nyobian tiasa linggih ka lingkungan Gunung Galunggung. Masih seueur nu ngicalan cau kieu di palih dinya mah.

3 komentar:

  1. Oh kitu nya horeng cau nanas th, di dieu mah teu aya gning nu ngrana cau nanas th.

    BalasHapus
    Balasan
    1. Rupina nu ieu mah endemik daerah Priangan Timur.

      Hapus
  2. Ayeuna aya keneh di sakitar galunggung teh?

    BalasHapus

Bunga Rampai

Menggapai kata-kata dalam pencapaian makna perjalanan kehidupan nan fana. Semoga manfaat untuk dunia akhirat.



Blog Rudi Santosa


Terima kasih sudah mau mampir. Seandainya mau copy paste, dipersilakan, asal jangan dibumbui dengan ditambahi atau dikurangi, apa adanya saja. Tolong dituliskan alamat blog ini. Apalagi kalo mau ambil fotonya mohon dapat disebutkan dengan lengkap dan benar sumber foto tersebut. Kalo sudah diedit agar disebutkan dengan jelas bahwa tulisannya sudah diedit. Dengan demikian tanggungjawabnya beralih kepada pengedit tulisan saya. Hak cipta hanya milik Allah Subhanahu wa ta'ala.















Supporters