Rabu, 15 Februari 2012

Laja

Laja salahsahiji ngaran bungbu dapur. Basa Indonesiana lengkuas. Sakainget laja bauna seukeut, nyereng. Baheula mangsa keur diajar elmu kanuragan laja dipake keur bahan latihan diteunggeulan peureup nepi ka ancur. Mimitina mah nepi ka ledes kulit leungeun teh. Tapi lila-lila cageur sorangan, ganti kulit. Peureup hasil ngalatih neunggeulan laja teh nepi ka bisa dipake ngancurkeun bata press. Ngan kudu rutin, jeung aya nu ngabimbing. Teu make jampe-jampe teu make rampe saukur ngarutinan latihan jeung latihan ngatur renghap nafas.
Laja sajatina bungbu utama pikeun kadaharan khas Indonesia. Bisa disebutkeun salaku sambara awal. Ari sababna mah lantaran pentingna laja keur ngalengkepan rasa utamana rasa seuhah talatalata alias lada.
Laja hirupna di tempat nu teu kurang cai. Mun kurang cai biasana tangkal laja sok langlayeusan nepi ka paehna. Ari beutina mah tahan lila teu langsung milu paeh lantaran ngandung cai semu beueus keur ngajaga kalangsungan hirupna. Beutina kekep pisan ngabeulitan taneuh tempat tumuwuhna matak hese ngala mangsana panen. Mun kalilaan teuing manenna, laja sok teuas hese dibongkarna. Nu panen kudu usaha leuwih rosa ngabongkaran tempat hirupna laja.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Bunga Rampai

Menggapai kata-kata dalam pencapaian makna perjalanan kehidupan nan fana. Semoga manfaat untuk dunia akhirat.



Blog Rudi Santosa


Terima kasih sudah mau mampir. Seandainya mau copy paste, dipersilakan, asal jangan dibumbui dengan ditambahi atau dikurangi, apa adanya saja. Tolong dituliskan alamat blog ini. Apalagi kalo mau ambil fotonya mohon dapat disebutkan dengan lengkap dan benar sumber foto tersebut. Kalo sudah diedit agar disebutkan dengan jelas bahwa tulisannya sudah diedit. Dengan demikian tanggungjawabnya beralih kepada pengedit tulisan saya. Hak cipta hanya milik Allah Subhanahu wa ta'ala.















Supporters