Tampilkan postingan dengan label Kuliner. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Kuliner. Tampilkan semua postingan

Selasa, 17 Juli 2012

Cucurak

Cucurak tina kecap curak-curak dilarapkeun kana kasenangan atawa sukan-sukan. Biasa dilakukeun mangsa nyanghareupan kabungah tos meunang berkah tina sagala rupa hal : lulus sakola, naek pangkat, memeh puasa, bada puasa. Nu jadi kacapangan mangsa deukeut bulan puasa nya curak-curak memeh nyanghareupan puasa. Lolobana dahar babarengan jeung kulawarga atawa jeung babaturan saruangan kantor, sakelas, tapi jarang jeung babaturan sadesa mah lantaran loba teuing jelemana.
Niatannana syukuran ngahaturnuhunkeun kana sagalaruoa rejeki nu dipaparin ti Allah SWT. Moal bisa curak-curak mun teu direjekian ku Allah SWT. Enya sadar diri yen rejeki jeung sagalana nu aya di diri sadayana asalna ti Allah SWT.
Kudu bener memang niat curak-curakna lantaran mun teu bener niatna bisa sagala didahar nu hasilna teu bener jadi kamerekaan.






Senin, 30 April 2012

Hawu

Baheula ieu mah, carita mangsa 80an. Harita mah nu ngaranna hawu salaku salahsahiji alat keur masak teh kaasup barang nu lumrah kudu aya di dapur. Naon ari hawu? Pasti loba nu apal utamana mah urang lembur atawa nu pernah ka pilemburan. Hawu teh bisa disaruakeun jeung kompor dina cara ngagunakeunna. Ari hawu mah ngahurungkeunna teh make suluh tina kai atawa regang kai, kompor mah hurungna teh make minyak tanah. 
Hawu bisa dijieun tina taneuh liat, batu cadas, atawa batu gunung. Loba pisan model jeung ukurannana. Tiap daerah pada ngabogaan ciri masing-masing. Ngan nu pasti sarua, sakabeh hawu pasti aya liang keur tempat suluh jeung liang keur tempat kaluarna seuneu. Liang keur tempat kaluarna seuneu bisa leuwih ti hiji.
Aya oge model hawu saayana nu digunakeun dina kaayaan darurat. Contona : di pangungsian, keur naek gunung, acara praktek masak. Dijieunna langsung di alam ku cara ngagali liang dimodelkeun hawu, biasana dijieun saliang wungkul ngaranna ge darurat asal aya wae. Atuh keur suluhna bisa neangan ti sabudeureun. Tapi sanajan darurat oge tetep kudu ati-ati jeung tarapti lantaran urusan jeung seuneu mah teu bisa dimomorekeun. Sok sanajan katempona geus pareum oge keukeuh kudu dipastikeun hawuna yakin pareum. 

Selasa, 17 Januari 2012

Tahu

Tahu dibuat dari kacang kedelai yang dihancurkan dengan cara digiling dan diproses sedemikian rupa sehingga didapatkan bentuk seperti yang biasa dilihat dalam kehidupan sehari-hari. Katanya sich melalui proses fermentasi. Kalo saya mah orang awam, taunya tahu digiling diperas saripatinya dicampur bahan bahan tertentu didiamkan dimasak terus dipotongin sesuai bentuk yang diinginkan atau dibungkus dengan cetakan berukuran tertentu sehingga begitu sudah jadi ya nggak mesti dipotongin lagi.

Rabu, 02 November 2011

Cangkilung

Cangkilung, salah sahiji mahluk nu biasana hirup dina tangkal kawung atawa tatangkalan sajenisna nu geus dituar jeung geus semu-semu buruk tangkalna.

Minggu, 30 Oktober 2011

Sate

Ini cerita menghadapi Lebaran Haji dimana banyak daging kurban di rumah. Bukan hanya daging sapi, daging kambing, bahkan daging kerbau pun ada.

Minggu, 23 Oktober 2011

Tukang Pais Lauk

Dicaritakeun soteh pedah ngarasa diteungteuingan wae ieu mah. Aya paribasa nulungan anjing kadempet teh bener-bener. Mugia nu maca mah ulah ngalaman kahandeueul kawas kuring.
Caritana kieu :

Senin, 03 Oktober 2011

Nasi Uduk

Bukan hal yang sulit untuk mendapatkan nasi uduk di Jakarta. Sudah tradisi dan menjadi menu wajib kayanya. Mulai pagi hari sebelum matahari terbit sampai sesudah tengah malam pun mudah sekali mendapatkannya. Memang tidak di semua tempat ada, tapi dari penyebaran lokasi tempat jualan hal ini memudahkan orang-orang yang sengaja mencari nasi uduk.
Bahkan sampai ke pelosok Tangerang pun, tukang jualan nasi uduk ada selama 24 jam. Nasi uduk sudah merupakan makanan khas yang disengajakan harus ada.

Senin, 05 September 2011

Nasi Tutug


Biasanya saya beli nasi tutug di deket Dadaha, pas pengkolan tempat kuliahan kelas jauh alias ekstension IKIP Bandung, warungnya hampir deket ke Cimulu. Bisa disebut luhureun Cimulu persisna mah. Masih aya keneh kitu warungna ayeuna? Biasana belinya agak siangan dikit ketika matahari sudah terasa panas menggelepar. Perut udah berbunyi keriuk keriuk.
Walah .............. sedang makan juga udah kaluar kesang badag kesang lembut lantaran nikmat jeung seuhah talatalata. Murah meriah makanannya dan yang sangat jelas tidak bikin pusing pas ngebayarinnya.

Senin, 15 Agustus 2011

Timus

Timus atawa katimus, salahsahiji kadaharan olahan tina bahan sampeu. Biasana dijadikeun kadaharan selingan sarupaning panyelang mangsa istirahat saacan dahar saenyana. Ngadaharna bisa dibarengan bari sakalian nyuruput kopi atawa teh. Bisa oge didahar peuting-peuting mangsa tiis datang tapi kudu dibaturan ku cai jahe nu haneut.

Senin, 06 Juni 2011

Supa Suung

Yang namanya jamur banyak sekali macamnya. Salah satunya yang bisa dimakan dan selalu dicari-cari adalah jamur hasil produksi rayap di musim hujan. Di Ciamis namanya Supa Suung. Kalau sedang kebetulan mendapat rejeki ketemu dengan jamur yang belum mekar biasanya tempat numbuhnya suka ditandai terlebih dahulu dengan sejenis daun tertentu sehingga orang lain tahu bahwa jamur tersebut sudah ada yang memiliki. Itu cara masa dulu, kalo sekarang nggak tau lagi.

Rabu, 01 Juni 2011

Liwet


Nasi liwet makanan cepat saji versi anak kost Sunda - Indonesia
Porsi makan untuk 2 orang.

Selasa, 24 Mei 2011

Daun Putat

Kamari ngadon curak-curak dahar di salahsahiji restoran Sunda. Lain pedah loba duit, ngan hayang nyaho wae masakan khasna kawas kumaha. Ti luarna mah alus wawangunanna teh make julang ngapak. Asup ka rohangan utama mah can katempo angseuna Sunda teh, prah wae kawas restoran sejenna. Ngan rada lumayan sanggeus asup ka jerona pisan aya model model saung. Atuh kadaharannana aya liwet sagala. Nu kabeneran teh lalabannana aya oge daun putat. Tah ieu sigana teh nu nandakeun restoran sundana.
Daun putat mah, ceuk kuring, khas pisan lalab sunda baheula. Sapanjang kainget kuring ngan di Sunda daun putat dijadikeun lalab, paranti coel sambel.
Kawas kumaha atuh daun putat?
Can bisa nyadiakeun fotona mah, can kaboro motret. Hiji mangsa arek dipidangkeun, mun geus aya. Can aya mah nya wayahna wae sing sabar. Omat lain jangji ieu mah, sakadar niat mudah2an laksana.
Pedo dah daun putat mah, angot komo mun dicoelkeun kana sambel tarasi lada. Waaaaaaah ...... nikemeh wae sugan mah. Disandingkeun jeung goreng burayak garing ; lauk jondol, anak lauk jaer, atawa anak lauk emas. Lain mas baby tapi anak lauk emas ukuranna kira kira 10 sentian. Digorengna garing jadi bisa didahar nepi ka tulang-tulangna. Sanguna make sangu liwet panas keneh pisan. Masya Allah ....... alhamdulillahirabbil'alamin.
Ari tangkal putat hirupna teh di daerah nu deukeut ka cai. Keur leutik oge tangkalna teh tos jalugjug luhur, jadi mun hayang loba daun ngorana osok dipunggel tangkalna teh nya sakira gampang ngala daun ngorana, kadongkang ku leungeun.
Mun tos dipunggel biasana tara lila sok breng daun ngorana teh rampak rupana semu beureum ati matak resep nu ningali. Kira-kira aya opat atawa lima lambar nu tumuwuh tah keur sesedengna bisa diala, tinggal panen. ah ke deui ah

Jumat, 18 Maret 2011

Makan Siang Gratis

Namanya juga kenikmatan tak terduga. Alhamdulillah, ada makanan siap santap GRATIS.
Foto diambil menggunakan HP Sony Ericson Z601i, lumayan kan hasilnya bagus?

Bunga Rampai

Menggapai kata-kata dalam pencapaian makna perjalanan kehidupan nan fana. Semoga manfaat untuk dunia akhirat.



Blog Rudi Santosa


Terima kasih sudah mau mampir. Seandainya mau copy paste, dipersilakan, asal jangan dibumbui dengan ditambahi atau dikurangi, apa adanya saja. Tolong dituliskan alamat blog ini. Apalagi kalo mau ambil fotonya mohon dapat disebutkan dengan lengkap dan benar sumber foto tersebut. Kalo sudah diedit agar disebutkan dengan jelas bahwa tulisannya sudah diedit. Dengan demikian tanggungjawabnya beralih kepada pengedit tulisan saya. Hak cipta hanya milik Allah Subhanahu wa ta'ala.















Supporters