Rabu, 29 November 2017

Cau Nanas


Tah ieu gambar téh salah sahiji cau nu tumuwuh di Tatar Sunda. Di lembur kuring mah katelahna Cau Ganas atawa Cau Danas. Prah waé tangkalna mah kawas tangkal cau nu séjénna. Ngan mun geus kaluar picaueunnana, turuyna téh teu ngulapés tungkul tapi tanggah ka arah cahaya panon poé. Teu ilahar. 
Hanjakal geus arang langka nu melak di lembur kuring mah. Nasibna kawas tangkal cau lampénéng waé, jadi tutuwuhan antik. Padahal mun leukeun mah, tinggal ceb melakkeun wungkul, lumayan. Hargana éta nu na gambar dua siki sapuluh rebu. Rega taun 2017 ieu téh. Padahal tina saturuy cauna leuwih ti dua puluh siki. Eta nu sapuluh rébu dua siki lantaran cauna lembut. Nu baradag mah sasiki sapuluh rébu. Kantun étang waé mun cauna saturuy mah. Seueur nu balanja mah ulah hamham. Cau ieu tahan lami, saminggu diantepkeun teu robah rupa jeung rasa sanajan teu diawétkeun.
Ngolahna tiasa didahar langsung tiasa ogé dibubur diseupan digoréng. Sagala rupa kaolahan cau waé.
Mangga bilih hoyong nyobian tiasa linggih ka lingkungan Gunung Galunggung. Masih seueur nu ngicalan cau kieu di palih dinya mah.

Senin, 27 Februari 2017

Lauk Nilem

“kauk kael kaca anakilem” budak leutik baheula mun ningalian lauk di balong kadangkala ngomongna kitu hartina lauk jaer kancra anak nilem. Tah lauk nu disebut pangakhirna nyatana lauk nilem éta sigana lauk buhun sunda, meureun. Lantaran sakainget asa can manggihan nyaliara salian di pulo jawa, duka mun di luar nagari mah. Basa kuring keur leutik, ngalana téh mun teu di balong nya di Situ Hyang mun pareng mangsa mijah. Deuh, lain heureuy, éta mah pasawahan sisi Situ Hyang kuatka ngabudah, pating korocok, lauk nilem sabubuhan nareureus ka lebah solokan cinyusu. Tinggal nyairan. Endogna gé ngarambang teu kawadahan ngagulung kabawa cai caah. Aya éta gé nu nyiukan endog mabur dipindahkeun ka balong, tapi asa tara jadi da meureun lingkunganna béda.
Lauk nilem nu lembut kénéh mun di balong biasana ngagimbung abring-abringan handapeun nu liuh linduk boh kalangkang daun, tangkal écéng gondok, atawa handapeun tampian. Pokona kudu aya nu ngahalangan waéh keur niis. Mun ngeueumkeun suku, sok pating kuriling nyarégétan kulit suku, kawas lauk gararufa jaman ayeuna mah. Lumayan asa dikélékéték. Lalindeuk kénéh keur laleutik kénéh mah sigana téh, tapi bener hésé pisan mun deuk ditéwak mah, kudu disair waé najan teu bisa kabeh kaala. Mun geus sagede cinggir lauk, nilem jaluna geus bisa dipijahkeun sangkan baranahan. Ari lauk bikangna mah bisa ngendog bener sina ukuran geus sagede jempol suku. Asana téh hiji lauk bikang balad mijahna tujuh nepi ka sapuluh lauk jalu.
Lauk nilem kaasup lauk ningrat kawas lauk tawes dina harti lingkungan kahirupanna kudu cai nu beresih tina kokotor. Mun caina rada sému coklat ngora kacampuran taneuh mah kuateun kénéh sigana mah, meureun laukna asa ngaregot coklat, heu heu. Teu kuateun keuna cai kotor pisan, sok langsung ngolojot kawas nu eungapeun. Biasana sok ngerab, sungutna calawak kerep. Kalilaan mah sok tibalik bungkiang beuteungna jadi di luhureun beungeut cai.
Lauk nilem kaasup lauk nu hade rupa, matak loba nu resepeun ogé jeung bisa dipiara dina akuarium. Sim kuring kungsi ngarawatan dina babalongan. Binihna mah ngahaja mawa ti lembur. Ngarawatan ti mimiti sagede curuk nepi ka jadi sagede jempol suku. Lalindeuk sok nyalampeurkeun mun diawuran parab. Giliran paeh mah asa teu werat rék ngagoréngna téh lantaran asa deungdeuleueun ngabayangkeun geboyna. Jadi dikubur waé.
Ngalana mun diuseup sok make eupan daun sampeu dipintel-pintel atawa naon waé daun nu rupana héjo. Ulah soteh make daun pulus matak gateul ka nu nguseupna. Nu ampuh mah maké lumut. Sok clom giriwil. Tapi dieupanan cacing ogé bisa waé da sigana téh beukieun. Pernah nguping gerenyem nilem teu? Tah éta téh maksudna mun keur diuseup lauk nilem mah sok ngagégélan eupanna terus-terusan tapi sok saeutik-saeutik teu diselewegkeun sakaligus kawas lauk guramé. Matak upama buru-buru teuing dipecatkeunna téh sok kalahka nyamos. Jadi ujian kasabaran nguseup nilem mah. Sabar dina ngararasakeun gerenyem nilem. Mun ngalana diobyagkeun (nyébur ka balong nu ngalana) biasana sok nyarumputna téh dina sela-sela batu atawa liang. Tah ari sim kuring mah sok ngahaja nundaan potongan awi saruas-saruas keur tempat nyarumputna. Leuwih gampang jeung leuwih téréh meunangna, tinggal ditonggéngkeun wungkul awina.
Lauk nilem dagingna kaasup rada renyéd, mun digoréng ngeunahna téh goréngna nepi ka garing. Mun dibeuleum kudu nepi ka tutung sisitna. Mun dipais kudu lila maisna supaya tulang lembutna bisa didahar. Kaasup rukap nilem mah, réa cucuk lembutna. Nu pangénakna tina lauk nilem piritanna, ceuk kuring ieu mah. Ngan biasana mun rék nyieun piritan, lauk nilemna kudu diistirahatkeun heula sapoé dua poé mah supaya jeroan peujitna (tai lauk) teu kaolah. Endog atawa mamanis nu diala keur piritan mah. Mun peujitna kotor sok dipiceun da teu tega ngadaharna. Sambarana teu sapira ngan saukur uyah jeung daun bawang hejo. Rék digoreng atawa dipais bisa, kumaha kasedep waé. Pasti deudeuieun. Ah, jadi hayang ngasaan. Baheula nu sok nyadiakeun bahan piritan téh Bapa almarhum (mugia ditampi iman islamna. aamiin.) ngahaja nyiapkeun nilem jeung lauk tambakan dina kulah beulah tukangeun héléran. Geus di-reus-keun mah piritanna bisa kaasup jeung peujitna nu bisa didahar.

Kamis, 26 Januari 2017

Kadaharan

Ngabahas kadaharan mah matak hayang barangdahar kalahka lapar lantaran ngan sakadar ngabahas. Aya rasa hayang ngasaan kadaharan pas ngabahas cara-carana ngasakan kadaharan. Taya halanganna lantaran ta mah jamak da kangaranan ngabahas mah bakal aya prak-prakanna jaba nyabakan bahan kadaharanna. Pas nyabakan pan aya karasana kana dampal ngabayabah kana rasa. Matak datang rasa hanaang sarta rasa hayang ngasaan pasakan. Nyam ......... nyam

Senin, 23 Maret 2015

Radio Transistor

Radio Transistor
Kailhaman tadi peuting basa beberes bari neangan faktur motor beat nu dijual. Kapanggih di tahap lomari pangluhurna pisan, geus belewuk pinuh ku kekebul. Asa inget-inget poho masih bisa hurung atawa henteu. Kaluli-luli sakitu lilana, hampir 15 taun digolerkeun teu ditoel-toel. Radio transistor merk Sony. Baheula mah ngahaja meuli keur pangbeberah ngadengekeun lagu jeung warta ari balik ti kantor. Kaelehkeun ku TV jeung DVD nu matak ditunda poho oge. Dicobaan disetel, mimitina mah ngawagu poho deui kenop mana nu dipake .... ah sagala dicetrekkeun wae dicobaan ...... Paingan teu disada wae singhoreng kabel speakerna paregat sesa digegelan beurit. Geus dipotong kabelna nu aya masalah mah langsung disada tarik pisan, gegerekgekan heula tadina mah sigana di jeroannana aya kabel karahaan. Tapi lila-lila ngoncrang deui kaasup twitterna ge ngecrek deui, bassna agem puguh mega bass, hade dina jamanna ha ha ha...........
Anak kuring nu lalaki keur nganggeuskeun peer norojol, aneheun ningali bapana boga radio transistor. Raos geuning pa sorana teh, kitu nyaritana basa beres ngadepongan radio ngadedengekeun lagu-lagu ti radio prambors.
Nyakitu lah.... baheula mah nu ngaranna radio mangrupa salahsahiji alat hiburan nu pangdipikaandelna. Pangdipikaresepna lantaran kalolobaan jalma marake radio pikeun ngupingkeun wartos-wartos nu pararenting. Biasana wartos nu didengekeun teh ti RRI tiap jam maneuh aya wartos ngeunaan kaayaan nagara. Kuat ka apal atuh kana bubukana “ Radio Republik Indonesia dengan warta berita dibacakan oleh Syahril Sidik Kamseno, sari berita penting .....”
Tapi kalan-kalan sok ngarasa heneg oge mun keur ngadengekeun dongeng Mang Jaya atawa Mang Eka ti Radio Linggarjati – Kuningan kaselang ku warta berita. Matak moho tuda nu ngadongengna jeung bisaan pisan deuih ngolah sorana teh. Mun mangsana sora awewe aya ku hade jeung memang peresis sora awewe. Sora aki-aki, sora budak leutik, sora rumaja ... matak bingung ku bisaan niron sora sakitu lobana. Padahal nu ngadongengna mah ngan saurang. Perlu kasabaran jeung ngawayahnakeun sorangan. Heueuh da kumaha tuda matak gantung dengeeun tea.
Saking jadi pamiarsa nu hade jeung resep ka Radio Linggarjati, kuring kungsi ngalanto ka Kuningan (taun 1980-an) ngahaja nepungan nu nuju siaran dongeng sunda. Harita naek motor oge dibonceng ku Bapa. Ngabring ti lembur duka sabaraha motor, hilap deui. Bapa harita nganggo motor Yamaha eltuji. Nepi ka Kuningan ningali kagiatan siaran, terus ngirim-ngirim titip salam. Mun teu salah biaya pesenna teh 200 salambar. Kertas nu dieusian ku titipan salam dibacakeun ku nu nuju siaran. Reueusna teh karasa nepi ka ayeuna .....
Mun siaran luar negeri manco teh ka siaran ti Radio BBC - London, diajar ngadengekeun basa inggris. Ti gelombang SW ieu mah nangkepna sinyal teh. Gantian jeung ti Radio Australia. Eta mah nu siaranna Kang Ebet Kadarusman nu sok ngucap "good pagi selamat morning indonesia !!!!!" Heu heuy deuh waas .......... Mun ti Radio Australia mah kungsi dikiriman bukuna lumayan kandel jeung kertasna hade kualitasna. Osok oge mun pareng peuting memeh sare ngadengekeun siaran radio ti arab saudi, diajar basa arab.

Kamis, 12 Maret 2015

Cau Bagja

Karuhun baheula mah palalinter pisan jeung bisa ngalarapkeun naon nu sabenerna karasa dina hate pangjerona. Mangga wae tiasa dibuktoskeun salah sahijina tina cara mere ngaran ka bungbuahan : aya cau raja -> meureun pedah disayogikeunna husus pikeun kulawarga raja, cau bagja-> ieu ge meureun pedah nu ngadaharna bakal ngarasa bagja sabada dahar cauna.
Heu heu ........ jadina pokir teh cau bagja nu bakal diguar ... kailhaman ku pokok pikiran kreatif ... deuh teu nyambung ....
Cau bagja salahsahiji jenis cau hade nu diparelak di tatar sunda. Jadi pepelakan unggulan nu bisa diandelkeun hasilna lantaran rasana ngeunah tur pelem. Tangtu hal ieu nyababkeun undakna harega cau bagja.
Melak cau bagja mah bangganing enteng entengning bangga lantaran kadangkala perlu dirawatan sacara daria mun kabeneran lahan tempat melakna kurang hade, dina harti tanahna keri alias teu subur. Tah ... sakadang cau bagja mah perlu tanah nu alus, subur tur makmur ku kadaharannana.
Mun taneuhna alus jeung cocok, eta cau bagja baris ngaluarkeun runtuyan turuy cau nu hade pisan jeung baradag. Salian ti eta cauna baris seungit bauna jeung pelem rasana. Sababad lah jeung cau tanduk mah malah bisa jadi leuwih unggul lantaran rasa pelemna.
Tah ku sim kuring ditingalikeun conto cau bagja nu tos siap diolah. Sumangga nyanggakeun .....



Cara ngolah cau bagja nu tos asak saperti kieu tiasa digoreng garing, dijadikeun kolek, dituang langsung oge sami pelemna. Ulah soteh dipiceun wae mmmmmmhmmmhhhh ............. nyaah ........

Jumat, 06 Februari 2015

Ganti Gan

Ganti Gan
Ngaganti salah sahiji kagiatan nu terus-terusan aya. Padumuk hiji wewengkon nu tadina budak leutik terus sakola terus digawe terus nikah ngurus rumah tangga terus boga anak jadi budak leutik deui ........ Kitu wae muter nunutur siklusna. Tah eta teh kaasup sunnatullah. Kari ngaleukeunan jeung sabar ngalakonannana. Naha naon onjoyna nya? Pikeun sakuringeun mah onjoyna teh loba variasi hirup loba kamajuan jaman. Waktu masih budak leutik keneh can boga motor geus gawe karek boga motor, kaasup kana kamajuan nu kitu teh lantaran tadina teu boga jadi boga.

Selasa, 02 September 2014

Pagoda Mekar Ngagoda

Pagoda Mekar Ngagoda
Tah ieu kembang pagoda teh, ayana di lembur kuring nu tingtrim
Dipotona make kamera biasa wae, tapi lantaran memang alus ti ajalina hasilna ge alus wae.
Matak genah ningali. Mangga nyanggakeun ..... mugia mangpaat.


Selasa, 25 Februari 2014

Pancake Durian

Salah satu olahan durian adalah dengan cara dibuat pancake. Saya tidak tahu persis dan kurang begitu perhatian tentang asal muasal pembuatannya karena hanya berperan sebagai penikmat saja. Waktu untuk menikmatinya terbatas, saat durian sedang puncaknya musim berbuah karena persediaan durian yang banyak sehingga memungkinkan para pengrajin membuat pancake. Selain karena waktu yang terbatas sehingga jarang mendapat kesempatan juga karena harga pancake yang lumayan mahal. Mengenai harga, harga pancake durian bisa dibilang mahal karena bahannya hanya buah durian saja. Buah yang masih bergelantungan di tukang buah saja harganya mahal, apalagi yang sudah diracik menjadi pancake. Bisa dimaklumi. 
Biasanya pancake durian dibuat dari buah durian yang segar sehingga dari baunya saja orang sudah bisa menerka rasanya. Karena pada umumnya orang lebih suka rasa original maka pemilihan buah durian harus yang benar-benar berkualitas bagus. Supaya berwarna, bungkusnya paling banter dikasih pewarna makanan untuk memberi warna berbeda pada pancake. Untuk bungkus pada pancake biasanya dipilih warna-warna ngejreng seperti hijau, kuning, merah yang menyala.
Dibungkusnya mirip bantal-bantal mungil, menyenangkan juga melihatnya, sedikit lucu-lucu gimana gituh. Dibariskan dengan rapi, penuh suka cita, dan berjejeran di tempat plastik, siap disajikan. Menyantapnya lebih enak saat dingin, ada sensasi nyeeeess ......... Ini yang saya lihat untuk pancake durian buatan Medan.
Kalau olahan pancake durian dari Riau, pancakenya sudah dimasukkan plastik pembungkus, satu pancake satu bungkus mirip kue kering yang biasa dipak pake kaleng buat sajian lebaran. Isi dalamnya sama saja, maksudnya sama ya itu model pembuatannya seperti bantal, mungil-mungil menggemaskan. 
Yang bikin nggak nahan, saat dimakan wanginya selalu menusuk hidung, rasanya ingin blem blem blem makan sekaligus. Satu dua tiga bungkus masih kurang  .... pengennya nambah dan nambah. Namanya juga nafsu, padahal lebih enak dinikmati sedikit-sedikit dirasain di lidah. Mantep daaaah ..........



Kalo gambar yang diatas ini bukan pancake, tapi bolen bandung isi durian. Liatinnya yang sebelah kanan yaaaa .... yang sebelah kiri itu irisan rainbow cake. Bolen bandung isi durian rasanya beda banget dengan pancake karena bolen ini proses ngolahnya dioven sehingga mengurangi bau daripada yang namanya durian. Dipanasin gitu lhoh ....... ya udah baunya jadi menguap. Baunya udah nggak menyengat lagi. Bisa kali hi hi hi ............. ngelantur dikit ga apa-apa, kan abis makan durian ....... kolesterol jadi tinggi hi hi hi .............





Naaaaaaaaaaaaaaaaah ........... kalo yang 3 gambar diatas, ini baru namanya pancake, tapi ini pancake asli dari Riau dan masih dalam kondisi dibungkus. Belum akan dimakan karena baru saja sampai dari perjalanan jauhnya mengarungi lautan dan samudera serta pulau-pulau yang membentang luas dari Kepulauan Riau hingga ke Jakarta ngahahahahahahah .................. Makanan yang sedang menunggu pendinginan lagi.

Senin, 24 Februari 2014

Banjir

Salahsahiji masalah di lingkungan kahirupan Jabodetabek : Banjir. Banjir teh nyaeta mangrupa nangreuna cai di hiji tempat boh sakeudeung atawa lila lantaran cai cicing teu bisa indit kamana mendi, teu kasalurkeun. Loba ari sabab musabab nu ngajadikeun banjir bisa tumiba, diantarana wae lantaran leungitna wilayah tempat cai nyerep. Ari normalna cai pan nyerep kana taneuh atawa ngagulidag ka tempat nu leuwih handap nu ahirna ditampung di balong, walungan, situ, atawa bisa wae langsung ka laut. Tah mangsa kaayeunakeun kulantaran tempat nyerep cai geus robah jadi plesteran jadi aspal jadi imah nu teu matak bisa nyerep cai tumibana cai jadi ngumpul gede teu kawadahan, banjir jadina. 







Tangerang kaasup daerah nu hirup ngahirupan di lingkungan Jakarta boga masalah banjir oge. 

Sagon

Sagon beda deui jeung Saigon. Sagon kaasup kadaharan lawas khas sunda. Saigon mah ayana di Vietnam, ngaran kota. Sagon dijieunna tina tipung beas ketan, kalapa kolot meunang marud digalokeun dicitak dipurulukan gula bodas saeutik terus dipanggang dina oven nepi ka semu coklat. Tah model ieu gambarna .


Biasana sagon diayakeun dina mangsa-mangsa nyanghareupan hajat atawa aya kagiatan penting samodel kariaan nyunatan, nikah, atawa rek lebaran. 
Nyieun sagon mah kudu sabar pisan bari tartib tur taliti. Mangkana mangsa kaayeunakeun mah sagon teh jarang dijieun lantaran perlu waktu tea. Leukleuk kasebutna teh.
Ari rasa sagon prah wae kawas kueh nu dijieun tina tipung beas ketan, bedana teh mun pareng kabesekan keur dahar sagon sok asa ngebul irung lantaran aya nu muruluk tina garing-garingna sagon.
Pangraosna ngadahar sagon dina mangsa pasosore dibaturan ku cienteh panas atawa kopi pait. Disuruput saeutik-saeutik kopina bari dibarengan ngegel sagon. 
Sagon kaasup kadaharan nu gampang robah rasana jeung gampang ancur oge. Supaya teu babari ancur, sagon ditempatkeun dina tempat nu kuat saperti keler kaca. Jeung tempatna teh kudu katutup pikeun nahan hawa luar supaya teu robah rasana. Hal ieu pisan sigana nu nyababkeun teu loba jalma nu ngahaja ngokolakeun sagon pikeun kadaharan sapopoe, mangkana sagon kaasup barang langka.

Minggu, 26 Januari 2014

Lauk Asin

Kadaharan dimana-mana gunana pikeun nyubadanan kaperluan badan supaya bisa digunakeun keur ngayakeun kagiatan. Kagiatanna macem-macem, bisa kagiatan rohani bisa oge kagiatan jasmani. Kagiatan rohani contona mangsa keur solat fikiran kudu fokus panteng manteng ka Illahi Robbi, moal bisa panteng mun keur solat ngadon mikiran sangu beureum haneut ditumpangan sambel make gepuk ..... lappaaaaaaar. Kagiatan jasmani contona ngabenerkeun kenteng nu nyorosod supaya henteu bocor di imah. Tah .... naek parana ge moal bisa mun can dahar, bisa nyorodcod suku tuur.
Lauk asin kaasup salahsahiji kadaharan nu biasana disandingkeun jeung kadaharan sejenna. Bisa disebutkeun lauk asin ngan sakadar jadi kadaharan pikeun ngalengkepan kadaharan sejenna. Aya timbal balikna, mun aya sangu wungkul euweuh deungeunna dahar teh moal pati ngalimed da rasana cawerang. Tapi mun aya rencangna boh lauk asin, dengdeng, gepuk nyonya ong, sayur lodeh atawa naon wae bisa jadi dahar teh beuki ni'mat. 
Nya lamun disebut kadaharan utama teh rada kurang, lantaran jarang jalma nu dahar ngan saukur ngadahar lauk asin wungkul. Mun meong mah bisa jadi dahar lauk asin oge cukup.
Tapi sanajan teu kaasup kadaharan utama oge ayana lauk asin diperlukeun pisan, ceuk kuring ieu mah. Pikeun urang pilemburan ti sunda mah, lauk asin teh matak ngahudang rasa. Seungitna nyambuang pas digoreng, luar biasa, matak ngaruy nu keur maracul, matak kabita nu keur sarila. Sirah ngadadak muter nuturkeun bau nu kaluar ti lauk asin nu keur digoreng, atuh irung ungsrak ingsreuk ngambeuan wawangi nu nyambuang.
Bolocot, selar, tanjan, sepat, tawes jeung rea rea deui lauk nu bisa diasin teh. Teu sakadar lauk laut wungkul, lauk ti balong ge bisa dijieun lauk asin. Nya lauk-lauk tinangtu wae teu sakabehna diasin. Lauk gurame, lauk emas mah asa jarang nu diasin. Lauk paus, hiu, barracuda oge asa jarang ha ha .............

Woooow ............ 2014

Setelah sekian lama bergelut dengan beragam rutinitas yang tiada henti mulai dari belajar bekerja membaca menulis bergembira bercanda ...... akhirnya bisa menuliskan sesuatu lagi pada blog ini.
Sejatinya ...... daun jati berwarna hijau menghasilkan warna merah yang aman digunakan bahkan untuk makanan. Harus seperti itu jadi manusia, walaupun berbaju hijau tapi tetap bermanfaat untuk yang berbaju non hijau. Hadeeeeeeeuuuuuuuuuuuuh ......... korban kampanye pem ... pem.... pemilu. 
Ada kalanya ketika fikiran sudah berfikir keras tentang masalah yang berhubungan dengan fikiran sebagai sarana mencari dan mendefinisikan solusi, maka salahsatu aksi yang harus dikerjakan adalah melakukan kegiatannya secara konsisten sesuai dengan kebutuhan yang digunakan untuk penyelesaian solusi.
Seperti seekor bunglon yang mampu merubah warnanya dalam beberapa saat ketika menghadapi masalah sekecil apapun, maka manusia harus tetap siap sigap dan cermat bertindak dengan risiko minimal.

Rabu, 03 Juli 2013

Konsep Portal dan Manajemen Konten



Mangsa ayeuna keur meumeujeuhna tumuwuh social media. Ngarekahannana ngabelesat pisan, langsung mumbul ka jomantara ngahasilkeun hal nu matak dipikaheran. Hampir sakabeh jalma ngabogaan akun dina facebook, twitter, pinterest, youtube, instagram jeung rea-rea deui social media.  Blog nyakitu keneh geus pada ngabogaan malahan aya nu ngokolakeun blog leuwih ti hiji. Di sababaraha pausahaan aya nu ngawajibkeun para pagawena kudu ngabogaan blog pikeun nyaritakeun pagawean nu dilakonan atawa naon bae hal nu aya hubungannana jeung kagiatan pausahaan. Tangtu wae eusina teu meunang nyaritakeun kagorengan pausahaan dina harti wayahna kudu nyaritakeun hal-hal positif ngeunaan pausahaannana.

Minggu, 19 Mei 2013

Nasi Goreng

Jam sakieu beuteung keur meumeujeuhna ngurubuk hayang gancang-gancang dieusian. Teu kudu dipersabenan lantaran geus hakna sakadang beuteung meunang jatah, iwal ti mun urangna keur puasa. Urang ??? ilaing wae meureun teu kudu mamawa sim kuring hi hi hi ..... Naon atuh kira-kirana nu bisa matak wareg tur cara nyadiakeunnana gancang? Syaratna kudu haneut ongkoh mangsa disuguhkeunnana supaya nambahan rasa kabongroy jeung utamana mah teu matak piboseneun? Taaaah .... saluyu jeung judulna mangga sayogikeun " Nasi Goreng ".
Naha make Basa Indonesia geuning? Apanan ngabahasna make Basa Sunda, kira-kira nyambung henteu nya? Lah ... teu kudu dipikiran lantaran harti Nasi Goreng geus pada paham geus prah ti baretona geus ngalarti naon maksudna Nasi Goreng. Nya heueuh atuh moal nyambung mun dihartikeun sahiji sahiji tina kalimahna mah. Bae ah urang bahas wae sakalian. Nasi Goreng mun dihartikeun dina Basa Sunda sapertos kieu ; Nasi hartina Sangu, Kejo. Goreng hartina butut, teu alus, bisa oge ngagoreng alias ngasakan kadaharan ku cara dianclomkeun kana minyak kalapa panas nepi ka kadaharan asak jeung bisa didahar. Tong tutung ngagoreng mah sabab mun tutung disebutna lain gorengan deui tapi tutungan. Jadi ceuk harti sajalantrahna Nasi Goreng mun disundakeun jadi Kejo Butut, asa teu pantes ah .... Nasi Goreng mah Sangu Goreng wae cekap panginten ....
Ceuk sim kuring, Nasi Goreng alias Sangu Goreng teh nyaeta sangu nu diolah kalayan ngagunakeun minyak sanajan teu loba terus dicampur ku bungbu-bungbu nu cocog jeung kaperluannana. Sakainget mah, ti baheula, nyieun Nasi Goreng biasana make sangu pasesaan kamari, nu matak sanguna teh khasna sok rada semu bear teu kawas sangu pulen nu pating perentil badag, Sangu Goreng mah kawas marisah hiji hiji balaleger. Da jeung  aya benerna, memang rasana teh kawas ngarasaan sangu kamari, heueuh asa pernah ngadahar nu kieu mah poe kamari hi hi hi ....... bit ketang.
Carita baheula keneh, biasana  mun nyieun Sangu Goreng sok ngahaja ngetrukkeun sangu tina boboko, ngaberesihan sesa-sesa sangu nu nempel keneh dina sisi boboko. Geus meunang sapiring karek nyieun bungbuna. Lantaran sim kuring mah resep kana bawang beureum mangkana sok dilobaan bawang beureumna teh, paling saeutik dua sihung bawang beureum nu saukuran bal pingpong. Keur ngimbangan bau bawang beureum, muncangna osok ditambahan leuwih loba. Murah pisan muncang mah, di lembur teu kudu meuli tinggal mulungan handapeun tangkalna, judrah. Jadi lantaran loba bawang beureuman, porsi bungbuna leuwih loba he he he .... mun keur kawenehan loba bungbu mah. Bungbu nu utamana mah ngan sakikituna : muncang, bawang beureum, uyah. Direndos tah sakabeh bahan nepi ka lembut, ngagalo ngajadi hiji. Bawang bodas? Ah .... teu beuki bawang bodas mah, tara ngahajakeun make bawang bodas nyieun Sangu Goreng mah. Teu resep bae ku bauna, asa ngangseu simeut goreng. 
Cara masakna gampang pisan, tagogkeun kekenceng panggorengan (kuali bahasa indonesiana mah) dina hawu mun baheula mah, mun ayeuna dina kompor. Seuneuna kudu angger ulah kulucas kalices. Abuskeun minyak kalapa kana kekenceng,  keun antep sing haneut. Mun hayang make endog cacahan goreng heula endogna bari diaduk nepi ka kawas nu burakrakan, dagoan sing nepi ka asak. Angkat heula tah si endog nu tos asak, simpen dina piring. Mun minyakna aya keneh tinggal goreng bungbuna, mun minyakna kurang atawa geus beak memeh ngagoreng bungbu tambahan heula wae minyak deui sacukupna. Sim kuring mah leuwih resep misahkeun goreng endogna sacara mandiri teu dicampurkeun bari ngagoreng sangu lantaran mun ngagorengna bareng komo mun barengna teh jeung ngagoreng bungbu rasana sok beak nyerep dina endog. Ngagoreng bungbuna kudu nepi ka semu coklat, bauna teh seungit nyambuang. Karek abruskeun sanguna bari diaduk-aduk. Geus kira-kira bungbuna nyampur jeung sangu, mangga lebetkeun goreng endogna. Sakalian potongan sayuran, sayuran naon wae : bayem, kangkung, saayana wae. Kira-kira geus semu garing karek dikecapan sacukupna sakaresepna. Tos asak mah tinggal kana piringkeun wae, kantun dituang.
 Tah kaleresan, malem Saptu kamari pun anak hayangeun sangu goreng. Ieu fotona, ngan urut-urutanna teu nyambung. Sok wae sambungkeun. Teras ebi, sayuran, cabe beureum, kurupukna teu sayogi, jadi saayana wae.








 









Terus terang wae ieu sangu goreng sanes sangu goreng ideal margi tina bahanna ge tos benten. Sanguna sangu pulen pisan jadi pas digoreng teh ngadon ngahariji. Teu nganggo cabe beureum jadi teu karasa seungitna cabe. Nu penting usaha nyenangkeun anak sukses. 
Tuh, sesana siapa lagi yang ngabisin? Bapake jadi korbanne, tapi nggak dihabisin karena lagi diet. Terus piring ama sendoknya keras banget, ga enak digigitnya.


Selasa, 14 Mei 2013

Pakeukeuh-keukeuh



Lantaran jalma mah boga rasa nya kudu bisa ngimbangan rasa jeung ngaji rasa. Eta pepeling ti baheula nu dicarioskeun ku Mama Haji, aki pituin ti Bapa. Nepi ka ayeuna eta pepeling masih keneh relevan alias masih keneh bisa ngimbangan kaayaan jaman mangsa ayeuna. Ngimbangan rasa jeung ngaji rasa dina harti bisa ngalarapkeun sacara pasti hiji rasa kana kaayaan saestuna nu hasilna matak nyugemakeun sarerea. Herang caina beunang laukna tea mun ceuk paribasa mah. Jadi kaala hasilna kalayan sampurna bari jeung teu matak nyababkeun masalah. Baheula ge kungsi dibahas dina blog ieu.
Naon atuh hubungannana jeung mangsa ayeuna? Kailhaman tina beja ngeunaan Waduk Pluit. Asa ngenes macana. Geura pek tingali, kurang kumaha sabarna pamarentah nyanghareupan wargana nu loba pisan kahayang lantaran beda-beda pamikiran. Sabenerna mah mun daek tatanya bari jeung sadar diri meureun kuduna mah ti baheula ge maranehna teh sadar nyicingan tempat nu lain tempat sakudunana. 
Atuh dina mangsana barang beuli, sewa, ngontrak pan jelas pisan aturanna aya administrasina. Kudu aya akta jual beuli, aya SHM, aya pajegna jeung rea-rea deui syaratna. Mun aya nu can kacangking, wayahna kudu tarima saratna kurang. Kuduna mah laju dibeberes sangkan beres roes. Tenang nu nyicingannana. Sakuduna jeung sawajarna wae meureun mun ulah keukeuh peuteukeuh neugtreug jeung ngarasa diteungteuingan terus ku pamarentah. Sadar diri jeung ngaragap diri, aya dimana urang posisina. Kudu mikir hade gorengna didadasaran ku agama jeung darigama.
Sarerea kudu bisa ngalarapkeun ngimbangan rasa jeung ngaji rasa, kuduna mah. Masyarakat kudu sadar kana kaayaannana terus pamarentahna ge kudu tetep sabar jeung sabar terus dina nyanghareupan masyarakatna. Keun wae ulah patorong-torong silih salahkeun, nu penting kudu aya solusina, beres roes deui wae masalahna. Harepan endah nu mugia jadi kanyataan.
Tapi ari ningali tina posisina mah, mudah-mudahan bisa buru-buru beres masalahna. Lantaran bakal gede pisan mangpaat dina ayana Situ salahsahijina nu disebut Waduk Pluit di Jakarta keur nampung cai nu dina hiji mangsa mah pasti ngagulidag super pisan gedena supaya teu matak banjir terus.

Senin, 13 Mei 2013

Badan pegel linu

Poe saptu minggu biasana diancokeun keur waktu istirahat. Nebus cape 5 poe digawe indit isuk-isuk balik mangsana peuting. Teu penting masalah digawena mah, loba gawe atawa euweuh gawe sama sakali teu dijadikeun masalah gede. Pangutamana mah di Jakarta masalah teh mimiti ti niat arek mangkat gawe jeung niat arek balik gawe. Eta nu kudu jadi bahan pikiran teh. Kudu pas pisan ngawaktuannana, mun telat 5 menit ge gede pisan pangaruhna kana kalancaran perjalanan bulak balik imah kantor kantor imah. Memang tina macet nu matak jadi bangbaluh di Jakarta mah. Kurang sabaran matak timbul stress, murang-maring kana sagala rupa ka sarerea.
Kudu bisa ngilikan waktuna teh lantaran mun geus macet sok nepi ka teu bisa gerak sama sakali, ngahunted wae cicing teu bisa ingkah. Ka beulah kenca motor mani pateteep, ka beulah katuhu Metromini ngebul haseupna hideung ngadingding ngahalangan jalan jaba panumpangna pasesedek hayang naek najan mobilna geus dengdek sabeulah oge. Maju ka hareupeun aya bujur mobil bak nu ngangkut hebel. Nyobaan mundur ka tukang oge teu bisa lantaran tukangeun loba motor nu siap-siap miheulaan. Aya lowong saeutik oge geus teu aya basa basi langsung dilindes. Leuheung basa mun lampu lalulintasna lancar reup brayna, kadangkala lantaran aya pasesaan tina lampu hejo lawan arah heug kabeneran macet kapaksa kudu ngadagoan nepi ka 2 entragan reup brayna teh. Teu bisa nyalahkeun sasaha sabab gogorowokan ge moal aya nu paduli, salah sorangan ngaliwatan jalan macet. Leukeunan bari lakonan bae antukna mah.
Tah, pangaruh tina macet tea salian ti matak boros kana bengsin, oge kana awak matak pararegel lalinu. Geura wae sok sanajan diberag-berag oge badan mah moal bisa dibobodo, mangsana teu kuateun mah mogok sacara alami bae. Isuk-isuk poe saptu kamari hayang hudang teh hararese pisan, lain mumul lain males, ngan nyakitu teu bisa dibobodo tea, arek hudang teh asa ripuh pisan sagala karasa. Antukna nyangkere deui wae sanajan anak mah nitah hudang ku cara digorowokan nepi ka badan kuring ditindihan oge, teu rengrot-rengrot. Kumaha tuda lemes kacida.
Rada mendingan teh satutasna ngadahar vitamin, kitu ge dipaksa ngahuap bari sare satutasna dahar asal-asalan. Da tetep teu wani dahar vitamin mun can asup kadaharan sejenna mah, bisi matak aya matakna. Keukeuh ieu ge teu loba pangaruhna, kalahka asa beuki pasiksak badan. Aya semu-semu ngageter badan ge siga nu singsireumeun. Tapi lumayan bisa dipeureumkeun geus barang dahar mah, bisa sare deui. Pasosorena menta dikerokan ka pamajikan, bareureum cenah mah hasil kerokanna teh. Peutingna teu loba ceta, sanajan sieun gendut oge maksakeun dahar sangu ngarah poe minggu bisa kulayaban ulin jeung barudak. 
Poe mingguna, sugan teh geus normal, leumpang ka hareupeun imah oge geus asa teu nangan. Ah ......... kapaksa ngaringkeb deui wae. Ngajengjehe sare deui wae
Nasib ....... nasib .......... karunya ka barudak.
Mangkana mun bisa mah ulah sagala dilakukeun ku sorangan, ulah sagala hayang. Omat kudu merhatikeun kondisi badan. Jaga sing sehat, lantaran sehat mah nikmat ............nikmat nu luar biasa. Alhamdulillah .............
 

Jumat, 10 Mei 2013

Samar Kahayang

Kaayaan jasmani jalma teu salawasna aya dina kasehatan. Hiji mangsa mah pasti ngalaman kajadian teu sehat. Rupa-rupa sababna mah boh tina gangguan suasana alam atawa suasana jero badanna nu kaparengan kakeunaan virus jahat.
Memang sehat teh lain sakadar nikmat nu saukur liwat, tapi nikmat nu bener-bener kudu disyukuran jeung ditafakuran ayana ku sakabeh jalma. Moal aya hiji kagiatan oge nu dilakonan ku manusa bakal ngeunah hasilna jeung kaala nikmatna mun jalmana dina kaayaan kurang sehat. Aya kacapangannana dahar karo uyah oge pasti nikmat kacida mun badan sehat sampurna.

Rabu, 01 Mei 2013

Ambon Manise

Pulau Ambon menarik sekali untuk dikunjungi karena keindahan alamnya yang luar biasa. Bagi orang-orang yang terbiasa dengan kehidupan di Jakarta akan mendapatkan pengalaman yang berbeda jika berkunjung ke Ambon. Banyak sekali keindahan yang tidak terbayangkan akan dilihat di Ambon. Dari sisi sarana dan prasarana Ambon sudah termasuk memadai. Sudah ada lho hotel bintang lima berdiri megah disana.
Ini ada sedikit saja beberapa foto terakhir (04 2013) :

 Bandara Pattimura


Dipotret dari arah hotel tempat menginap



Kalo ini diambil dari arah kantor wilayah :

Ini bekas tembakan dari snipper saat ada kerusuhan, katanya(?),  ada di tingkat 3.5 kantor wilayah, difoto untuk sekedar tahu aja dan berharap jangan sampai terulang kembali:
 

Kebetulan ada sedikit kebakaran di tetangga sebelah, tempat karaokean, korsleting listrik yang kemungkinan akibat dari salah instalasi atau ada beban terlalu berat. Awalnya kilatan-kilatan bunga api yang muncul, lama-lama ada asap tebal mengepul, baru dech keluar api

Bikin orang-orang pada berkumpul, padahal masih pagiiiii sekali...

Keluar dech para penghuninya, cuma nggak pantes kalo ditampilin disini karena keminimannya.
Yang ini aja dech .......
Ini durian asli Ambon, rasanya? jangan tanya .... makan hanya 2 biji saja kleyengannya sampai Jakarta keesokan harinya masih berasa sa sa sa. Ada aroma alkohol dan agak pait.... enaaaaaaaaaaaak tenannnnnnnnnnnnn ........


Yang ini kebetulan lagi berbuah banyak sekali, banyak dijajakan di pinggir jalan arah dari ke Bandara. Gandaria namanya. Kalau di Tangerang namanya buah Jatake. Rasanya sudah manis karena sudah mateng. Waktu masih mudanya berwarna hijau namun rasanya luar biasa asem, paling sering dibuat rujak. Pohonnya gede-gede, biasanya ditanam buat batas lahan sawah atau kebun. Harganya mahal juga, sepiring isi 20-25 biji buah Rp. 15.000,- bisa ditawar tapi nggak dapet banyak. Gambar dibawah isi 3 piring Rp. 50.000,-

Naaaah ....... kalo cara makannya digado begitu saja boleeeh ..... atau dibikin jadi sirup juga boleh seperti gambar dibawah. Teman makan bubur di pagi hari atau makan berat di siang hari juga boleeeh .......



Khasnya ikan laut, rasanya? segaaar .........
Fresh from the ocean ...


Berkunjunglah ke Ambon dan nikmati kesenangannya....

Mendadak

Mendadak,
Suatu ungkapan untuk kejadian yang terjadi secara tiba-tiba, tidak ada perencanaan sebelumnya, dan tidak bisa diprediksi kejadian ataupun hasil dari kejadiannya. Susah dan bikin orang tergagap-gagap untuk melakukan antisipasi. Bahkan bisa membuat orang tercengang, kaget, hingga pingsan pun ada. Kejadiannya tidak bisa diramalkan karena muncul secara tiba-tiba meskipun dalam suatu acara sudah direncanakan seperti apa bentuk dan modelnya, tetap aja yang namanya kejadian mendadak pasti akan ada, apapun itu bentuknya.
Pengalaman minggu kemarin, ada teman satu ruangan kantor, beliau seorang Ibu yang telaten merawat keluarganya dengan penuh kasih sayang, yang akan melaksanakan umroh ke tanah suci Makkah al Mukarommah.  Mendadak sekali saat pagi hari sedang melakukan persiapan menjelang keberangkatan sore harinya ke Bandara selanjutnya ke Mekkah, anak laki-laki satu-satunya dan jadi kebanggaan keluarga besarnya meninggal tertabrak kereta api saat mau kuliah ke kampusnya di FE - Universitas Indonesia.
Meninggal mendadak karena saat berangkat dari rumah tidak ada firasat akan adanya kejadian seperti ini. Tabrakannya juga mendadak karena tidak pernah ada seorangpun manusia normal yang ingin tertabrak kereta api. Dan tidak ada seorang masinispun yang normal kehidupannya menginginkan menabrak seekor semut saja apalagi sampai menabrak seorang manusia. Bisa dibayangkan nggak kalau tiba-tiba masinis menarik handel rem segera sebelum menabrak sesuatu objek di saat kereta api tengah melaju kencang? Kejadian lebih fatal akan terjadi karena dorongan dari beberapa gerbong yang berada di belakang lokomotif sangat besar tenaganya. Menghantam ke depan tanpa ampun. Percikan api dari gesekan roda dengan rel kereta bisa saja segera memicu kebakaran. Naudzubillahi min dzalik ....
Kejadian tersebut tentu saja sangat tiba-tiba dan membuat lemas mendengar beritanya. Saya nggak bisa membayangkan perasaan beliau sebagai Ibunya. Speechless .....
Merebey cimata .......
Semoga almarhum diterima di sisi-Nya, ditempatkan di tempat terbaik sesuai iman islamnya.
Semoga keluarga yang ditinggalkan semakin diberikan ketabahan kesabaran dan kesadaran bahwa ini semua ujian dari Allah SWT dan mereka mampu melewati ujian dengan penuh tawakkal.




Bunga Rampai

Menggapai kata-kata dalam pencapaian makna perjalanan kehidupan nan fana. Semoga manfaat untuk dunia akhirat.



Blog Rudi Santosa


Terima kasih sudah mau mampir. Seandainya mau copy paste, dipersilakan, asal jangan dibumbui dengan ditambahi atau dikurangi, apa adanya saja. Tolong dituliskan alamat blog ini. Apalagi kalo mau ambil fotonya mohon dapat disebutkan dengan lengkap dan benar sumber foto tersebut. Kalo sudah diedit agar disebutkan dengan jelas bahwa tulisannya sudah diedit. Dengan demikian tanggungjawabnya beralih kepada pengedit tulisan saya. Hak cipta hanya milik Allah Subhanahu wa ta'ala.















Supporters