Lantaran jalma mah boga rasa nya kudu bisa ngimbangan rasa jeung ngaji
rasa. Eta pepeling ti baheula nu dicarioskeun ku Mama Haji, aki pituin ti Bapa.
Nepi ka ayeuna eta pepeling masih keneh relevan alias masih keneh bisa ngimbangan
kaayaan jaman mangsa ayeuna. Ngimbangan rasa jeung ngaji rasa dina harti bisa
ngalarapkeun sacara pasti hiji rasa kana kaayaan saestuna nu hasilna matak
nyugemakeun sarerea. Herang caina beunang laukna tea mun ceuk paribasa mah.
Jadi kaala hasilna kalayan sampurna bari jeung teu matak nyababkeun masalah. Baheula
ge kungsi dibahas dina blog ieu.
Naon atuh hubungannana jeung mangsa ayeuna? Kailhaman tina beja ngeunaan
Waduk Pluit. Asa ngenes macana. Geura pek tingali, kurang kumaha sabarna pamarentah nyanghareupan
wargana nu loba pisan kahayang lantaran beda-beda pamikiran. Sabenerna mah mun
daek tatanya bari jeung sadar diri meureun kuduna mah ti baheula ge maranehna
teh sadar nyicingan tempat nu lain tempat sakudunana.
Atuh dina mangsana barang beuli, sewa, ngontrak pan jelas pisan aturanna aya administrasina. Kudu aya akta jual beuli, aya SHM, aya pajegna jeung rea-rea deui syaratna. Mun aya nu can kacangking, wayahna kudu tarima saratna kurang. Kuduna mah laju dibeberes sangkan beres roes. Tenang nu nyicingannana. Sakuduna jeung sawajarna wae meureun mun ulah keukeuh peuteukeuh neugtreug jeung ngarasa diteungteuingan terus ku pamarentah. Sadar diri jeung ngaragap diri, aya dimana urang posisina. Kudu mikir hade gorengna didadasaran ku agama jeung darigama.

Sarerea kudu bisa ngalarapkeun ngimbangan rasa jeung ngaji rasa,
kuduna mah. Masyarakat kudu sadar kana kaayaannana terus pamarentahna ge kudu
tetep sabar jeung sabar terus dina nyanghareupan masyarakatna. Keun wae ulah
patorong-torong silih salahkeun, nu penting kudu aya solusina, beres roes deui wae
masalahna. Harepan endah nu mugia jadi kanyataan.
Tapi ari ningali tina posisina mah, mudah-mudahan bisa buru-buru beres masalahna. Lantaran bakal gede pisan mangpaat dina ayana Situ salahsahijina nu disebut Waduk Pluit di Jakarta keur nampung cai nu dina hiji mangsa mah pasti ngagulidag super pisan gedena supaya teu matak banjir terus.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar