Senin, 30 April 2012

Soang

Soang teh kaasup ingon-ingon nu biasa dipiara pikeun diarah dagingna, buluna oge bisa digunakeun keur nyieun kok paranti maen badminton.
Baheula pernah miara soang, ngagaduh kagungan Ua Haji Maman-Popojok. Resep ku ramena, ngan hanjakal jorok pisan ceuk kuring mah lantaran taina nyebar di mana-mana sanajan dikandangan oge. Ari kahakananna teh sok diawur ku huut campur cacagan sampeu. Huut mah loba teu kudu meuli tinggal ngumpulkeun di heleran. Kangaranan ngagaduh, mun endog soang dipegarkeun teh nya dibagi dua aakuanna teh. Tapi teu kitu lantaran jeung dulur bebas wae teu dikudukeun kawas kitu. Pokona mun aya nanaon sok dibagi dua, husus keur parabna bagean nu ngurus.
Daging soang rupana semu beureum, ceuk kuring mah leuwih ngeunah digoreng tibatan disop atawa bungbu kuah. Mun digoreng mah dagingna teh semu garing hampir sarua rasana jeung daging japati.
Mun keur mangsana nyileungleum sok aya endog nu teu jadi. Biasana endog nu teu jadi disimpen dihade-hade malah ditempatkeun husus dina keler. Payu dijual jeung hargana leuwih mahal. Sok aya nu nguriling meulian ngahaja ka pilemburan. Cenah mah dipake pikeun nandaan mun aya nu keur nyieun imah anyar, si endog dikubur dina pondasi tihang utama. Kapercayaan sawatara jalma. Aya oge beja cenah keur karajinan tangan  dijieun tempat lampu. Endog nu teu jadi megar kulitna jadi leuwih kandel nu tangtuna jadi leuwih kuat.
Lantaran soang mah kaasup ingon-ingon nu sensitif ku jalma anyar, sora soang oge sok bisa dijadikeun ciciren, alarm meureun bahasa kaayeunakeun mah. Di Rusia mah cenah aya nu ngahaja sakuriling imahna teh dipageran ku soang, maksudna kandang soangna teh disadiakeun ngurilingan imah nu miarana. Mun aya jalma anyar pinanggih atawa hal-hal anyar si soang disada rame.

Hawu

Baheula ieu mah, carita mangsa 80an. Harita mah nu ngaranna hawu salaku salahsahiji alat keur masak teh kaasup barang nu lumrah kudu aya di dapur. Naon ari hawu? Pasti loba nu apal utamana mah urang lembur atawa nu pernah ka pilemburan. Hawu teh bisa disaruakeun jeung kompor dina cara ngagunakeunna. Ari hawu mah ngahurungkeunna teh make suluh tina kai atawa regang kai, kompor mah hurungna teh make minyak tanah. 
Hawu bisa dijieun tina taneuh liat, batu cadas, atawa batu gunung. Loba pisan model jeung ukurannana. Tiap daerah pada ngabogaan ciri masing-masing. Ngan nu pasti sarua, sakabeh hawu pasti aya liang keur tempat suluh jeung liang keur tempat kaluarna seuneu. Liang keur tempat kaluarna seuneu bisa leuwih ti hiji.
Aya oge model hawu saayana nu digunakeun dina kaayaan darurat. Contona : di pangungsian, keur naek gunung, acara praktek masak. Dijieunna langsung di alam ku cara ngagali liang dimodelkeun hawu, biasana dijieun saliang wungkul ngaranna ge darurat asal aya wae. Atuh keur suluhna bisa neangan ti sabudeureun. Tapi sanajan darurat oge tetep kudu ati-ati jeung tarapti lantaran urusan jeung seuneu mah teu bisa dimomorekeun. Sok sanajan katempona geus pareum oge keukeuh kudu dipastikeun hawuna yakin pareum. 

Selasa, 24 April 2012

Menyengaja

Kebanjiran informasi. Itulah masa kini. Website yang dahulunya tidak diijinkan untuk diakses sekarang portalnya dibuka secara korporat. Waaaaaaaaah .......... bukan hanya memberikan akses informasi yang sangat berlebih tapi juga kecepatannya yang lumayan bagus.

Bunga Rampai

Menggapai kata-kata dalam pencapaian makna perjalanan kehidupan nan fana. Semoga manfaat untuk dunia akhirat.



Blog Rudi Santosa


Terima kasih sudah mau mampir. Seandainya mau copy paste, dipersilakan, asal jangan dibumbui dengan ditambahi atau dikurangi, apa adanya saja. Tolong dituliskan alamat blog ini. Apalagi kalo mau ambil fotonya mohon dapat disebutkan dengan lengkap dan benar sumber foto tersebut. Kalo sudah diedit agar disebutkan dengan jelas bahwa tulisannya sudah diedit. Dengan demikian tanggungjawabnya beralih kepada pengedit tulisan saya. Hak cipta hanya milik Allah Subhanahu wa ta'ala.















Supporters