Minggu, 01 April 2012

Sembung

Daun sembung, tutuwuhan keur obat tradisional pikeun ngubaran beuteung kembung pinuh ku angin. Carana daun ditutu nepi ka lemes terus dibalurkeun kana sakuriling beuteung. Supaya nempel kudu dibeungkeut make samping atawa bedong. Karasana haneut jeung semu halawar hiliwir angin pabeubeurang. Insya Allah 15 menitan ge langsung hitut muruput mun bener beuteung kembungna lantaran asup angin. Osok oge dipake keur tapel para istri nu rengse lahiran. Eta ge ngondang sakadang angin supaya kaluar tina patuangan.
Di lembur kuring, tangkal sembung jadi ku sorangan tara aya nu ngahajakeun miara. Teu raresepeun lantaran jarang dipakena. Mun nepi ka gede teh tangkalna bisa dipake keur suluh dijadikeun pangpung garing. Senget oge kawas pangpung karet lantaran meureun ngabogaan kandungan minyak atsiri. Duka tah bener aya minyakan atanapi henteuna mah.


Ngurek Belut

Ngurek belut nyaeta istilah basa sunda keur ngala belut ku cara diuseup langsung tina liang belutna.  Belut biasana hirup di alam liar dina liang-liang nu ngahaja dijieun sorangan ku sakadang belutna. Liangna kudu loba caian, ayana di : sawah, balong, walungan, susukan, situ, rawa-rawa. Loba oge nu dibudidayakeun ku cara ngahaja nyieun tempat miarana mangrupa balong atawa naon bae bentukna. Tangtu wae cara ngala belut nu hirup liar jeung nu dibudidayakeun mah beda pisan carana. Nu hirup di alam liar salah sahiji carana diala make urek. Urek teh bisa mangrupa useup biasa ngan digunakeun keur nguseup belut nu ditalianna teh make tali meunang ngararaan, digulungkeun ngabeulitan useup. Panjang tali biasana satengah meteran.

Kamis, 29 Maret 2012

Borokokok

Babaturan kuring urang Surabaya budak ngora keneh ngadon ngomong kieu " aku ingin jadi si borokokok" nya tarik nya harus nyaritana teh, atuh pada digeuhgeuykeun ku nu sejen. Ngomong kituna teh kalepasan cenah lantaran kailhaman tos nongton filem si kabayan. Sadar geus salah ucap eta babaturan nanya ka kuring " kalau artinya borokokok itu apa?" dijawab ku kuring " borokokok itu kaya kabayan orangnya nyeleneh, beda dengan yang lain" " Oh begitu, aku nggak mau ah jadi borokokok, terima kasih" cenah bari ngaleos.
Sabenerna, ucapan borokokok teh sohor ti taun 90'an mangsana Didi Petet ngalalakonkeun jadi Kabayan dina filem. Eta ucapan borokokok teh diucapkeun ku mitohana nu dilakonkeun ku Babah Ho Liang Suryana Fatah. Kaluarna ucapan borokokok teh lantaran ningali kalakuan Kabayan nu pangedulan pisan, gawena huleng jentul taya gadag. Saking keuheulna nya Abah ngucap borokokok, eeeeeeeeeh kateterusan jadina teh ngageroan Kabayan jadi Borokokok.
Protes kuring mah mun Kabayan disebutkeun tipikal urang Sunda, teu tarima lantaran sabenerna mah tokoh Kabayan teh jalma nu rapekan, pinter, jeung perhatian ka sasama.
Geus sore teuing ah ....... balik heula

Bunga Rampai

Menggapai kata-kata dalam pencapaian makna perjalanan kehidupan nan fana. Semoga manfaat untuk dunia akhirat.



Blog Rudi Santosa


Terima kasih sudah mau mampir. Seandainya mau copy paste, dipersilakan, asal jangan dibumbui dengan ditambahi atau dikurangi, apa adanya saja. Tolong dituliskan alamat blog ini. Apalagi kalo mau ambil fotonya mohon dapat disebutkan dengan lengkap dan benar sumber foto tersebut. Kalo sudah diedit agar disebutkan dengan jelas bahwa tulisannya sudah diedit. Dengan demikian tanggungjawabnya beralih kepada pengedit tulisan saya. Hak cipta hanya milik Allah Subhanahu wa ta'ala.















Supporters