Donor darah, naon nya basa sundana? Nyumbang getih? Donor getih? Ah ..... asa ningnang. Tapi sadayana ge pasti terang naon maksudna donor darah. Nyumbangkeun salahsahiji milik nu aya dina badan nyatana getih keur kapentingan jalma nu merlukeun getih. Loba pisan jalma nu perlu getih diantarana ; nu rek operasi tur merlukeun getih keur transfusi, sabada ngalahirkeun kurang getih perlu donor. Insya Allah donor darah kaasup amal nu hade sarta mugia mangpaat dunya aherat. Asal ikhlas jeung teu ngaharepkeun wawales. Ke jaga di aherat digantian ku Allah SWT ku ganti nu panghade-hadena. Insya Allah.
Assalamu'alaikum wa rahmatullahi wa barokatuh, mudah-mudahan blog ini dapat memberikan manfaat bagi pembacanya dan dapat menjadi amal yang baik selamanya.
Selasa, 06 Maret 2012
Rabu, 22 Februari 2012
Wilujeng
Wilujeng ngarupakeun salahsahiji kecap dina basa sunda anu hartina ngahaturkeun panghormatan, pangbagea, atanapi pangdeudeul mangrupi dukungan kana salah sahiji kaayaan dina maksud sabenerna keur ngadungakeun kana kasaean.
Basa Indonesiana mah selamat, Basa Inggrisna congratulation, Mabuhay Basa Tagalogna kade ulah hilap maca u na ditegeskeun sababara harkat ngarah hartina bener, Banzai Basa Jepangna mah, viva vive Basa Romana. Mangsa ayeuna loba pisan nu salah nulis kecap wilujeng teh, jeung nu matak heran leuwih ti heran nu loba salah tulis pernahna di Bandung pisan, puseur basa Sunda. Teu bisa nyalahkeun sasaha lantaran memang kitu kaayaannana. Ngan saukur bisa ngurut dada wae. Salahsahiji bentuk protesna nya ku cara nulis dina blog ieu. Sugan wae aya nu maca jeung mugia aya koreksi supaya jadi balener boh dina cara nulisna, ngalarapkeunnana, atanapi dina ngahartikeunnana.

Senin, 20 Februari 2012
Bengkung ngariung bongkok ngaronyok
Aya paribasa sunda ; "bengkung ngariung bongkok ngaronyok" anu hartina, nu kainget ku kuring, lamun aya masalah sakuduna dibereskeun ku cara rereongan, gotong royong. Ari sabenerna mah baheula kungsi ngobrolkeun jeung guru basa sunda basa keur smp, jenengannana hilap deui, cenah paribasa ieu teh nyindiran ka urang sunda nu embungeun ngalumbara ka jauhna neangan kahirupan sejen salian ti nu aya di wewengkon sunda. Naon sababna embung ngumbara? Lantaran kaayaan alam ki sunda nu sakitu camperenikna, rea ketan rea keton, gampang neangan pangupa jiwa. Nyaah pisan mun ditinggalkeun teh komo ngumbara ka luar nagara mah loba pikiran lantaran loba nu dipikainget.
Langganan:
Postingan (Atom)
Bunga Rampai
Menggapai kata-kata dalam pencapaian makna perjalanan kehidupan nan fana. Semoga manfaat untuk dunia akhirat.
Blog Rudi Santosa
Terima kasih sudah mau mampir. Seandainya mau copy paste, dipersilakan, asal jangan dibumbui dengan ditambahi atau dikurangi, apa adanya saja. Tolong dituliskan alamat blog ini. Apalagi kalo mau ambil fotonya mohon dapat disebutkan dengan lengkap dan benar sumber foto tersebut. Kalo sudah diedit agar disebutkan dengan jelas bahwa tulisannya sudah diedit. Dengan demikian tanggungjawabnya beralih kepada pengedit tulisan saya. Hak cipta hanya milik Allah Subhanahu wa ta'ala.