Assalamu'alaikum wa rahmatullahi wa barokatuh, mudah-mudahan blog ini dapat memberikan manfaat bagi pembacanya dan dapat menjadi amal yang baik selamanya.
Tampilkan postingan dengan label Sadewata. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Sadewata. Tampilkan semua postingan
Minggu, 26 Juni 2011
Rabu, 08 Juni 2011
Senin, 06 Juni 2011
Mata Air Cileungsing
Mata air ini adanya di lembah Cileungsing. Seingat saya dari dulu sampe sekarang airnya masih tetap seperti ini. Ini mengindikasikan lingkungan di atasnya masih terjaga dengan baik. Debit airnya lumayan besar dan bisa ditampung dengan paralon ukuran 1". Airnya sangat bening dan selalu dingin. Ditampung untuk mengairi kolam yang ditanami dengan ikan tawes, ikan nilem, dan ikan gurame.
Jurang sebelah kanannya semakin bertambah karena tanahnya melorot terus, hal ini bisa diakibatkan oleh tidak adanya tanaman penyangga tanah. Sayang ......
Leuweung Ranjeng
Leuweung Ranjeng katelahna teh. Ayana di Kampung Jungga sagigireun lapangan sepak bola nu ayeuna mah geus mindah rupa jadi sakolaan SMP Negeri. Mangsa ayeuna tos teu katingali model leuweungna kawas kumaha, mung kantun sajarah. Diparake jadi tempat arulin barudak sakolaan malahan.
Mun teu ningali mangsa baretona mah pasti moal percaya tempat eta teh tadina mangrupa leuweung gerotan (tropis maksudna) nu rea tatangkalan asli leuweungna saperti tangkal katulampa, tangkal putat.
Lah pokona mah pangling pisan ningali babandingannana mangsa masih leuweung geledegan jadi aya gedong sigrong sakolaan.
Tidak ada yang abadi .....................
Selasa, 24 Mei 2011
Lembur Singkur
Lembur singkur
Banjar karang pamidangan
Endah ti jauhna
Endah ti mangkukna
Na iraha kasabana?
Lembur nu laliuh
Banjar karang pamidangan
Endah ti jauhna
Endah ti mangkukna
Na iraha kasabana?
Lembur nu laliuh
Selasa, 10 Mei 2011
Desa Sadewata
Desa Sadewata aya di daerah Ciamis. Upami lungsur di Panawangan Kota arah ti Cirebon jalanna nu nanjak di palih katuhu. Ti dinya kirang langkung 10 kilo perjalanan. Upami lungsur di Pamoyanan arah ti Bandung jalanna di palih kenca. Ti dinya kirang langkung 40 kilo perjalanan. Upami lungsur di Kawali arah ti Ciamis ngalangkungan Babantar jarakna kirang langkung 15 kilo perjalanan.
Kagiatan sadidinten warga Sadewata diantawisna : tani, dagang, padamel negeri, padamel bumn, wirausaha, pelajar, ibu rumahtangga sareng seueur-seueur deui.
Hawana tiis nyecep matak seger kana awak. Lingkungannana masih kajaga kalayan lumayan rada sae oge. Aya situ alit nu pernahna di Blok Cipelah-Tarikolot, asal caina ti Gunung Gelembung Blok Gunung Sari. Caina herang pisang katingalina teh semu biru margi jerona situ kirang langkung 20 meteran. Posisi ayeuna mah eta situ teh tos kasered ku pasawahan nu ngahaja didamel ku para padumuk nu linggih di Sadewata. Hanjakal pisan pamarentahna boh ti desa atanapi kabupaten teu ngahajakeun ngawagel para wargana supados teu teras-terasan ngahajakeun nyawah di lingkungan situ. Lami-lami sigana eta situ teh baris ngahiang alias ngaleungit sami sapertos namina Situ Hyang. Tapi upami kahoyong mah, ngarah aya tingali-tingalieun saena eta sawah nu ayeuna aya oge langkung sae dijantenkeun situ deui wae. Pan upami Situ Hyang lestari mah pangaruhna sae pisan kanggo kamaslahatan warga Ciamis khususna margi eta Situ Hyang kalebet kana Daerah Aliran Sungai anu ngadukung ayana Walungan Citanduy.
Aya eta oge pangjeujeuh ti pamarentah, dipangdamelkeun pondasi nu didamel tina batu. Lumayan tiasa ngahalangan kana lajuna situ jadi sawah. Tapi kurang tegas wae ceuk sim kuring mah.
Aya eta oge pangjeujeuh ti pamarentah, dipangdamelkeun pondasi nu didamel tina batu. Lumayan tiasa ngahalangan kana lajuna situ jadi sawah. Tapi kurang tegas wae ceuk sim kuring mah.
Senin, 04 April 2011
Sadewata
Sadewata, especially cipelah tenjolaya will always be in my heart. It is a very nice place to live. Ngahenang ngahening no think about everything just have fun and enjoying the nature. I was born there. 40 years ago. Not a long time, a very short time to believe. But it is hard to believe, sure. Heueuh beneran saha nu rek percaya geura. 40 years old. Not an old man, sugan? I am still very surprise to know that I am an old man today. Time goes on, I have, already, a very beautiful young lady just like her mother, my daughter 15 years old, a teenager. A handsome boy, and a one year little girl, si bubun (bulat bundar). 3 children. No wonder .......... alhamdulillahirabbil'alamin ...........
If it be remembered, the past is, very good indeed, it is very exciting cause full of romance. Romansa in Sadewata ...... Unfortunately, all of this will not be happening again, it was a past time. Just make a good preparation for being accounted in the next time, someday in the future at somewhere. Ready or not ready it will be passed by every human being, sakabeh jalma. Must be ready though will never be ready. Heueuh heu heu.................
Beautiful indeed, but all the beauty of it is a creation of Allah SWT. When having enjoyed every pleasures there must be consequences. Sadewata is a very beautiful place, of course, in my opinion. I often enjoy the beauty of this place I was born alone, me by myself. Enjoy the panoramic of Syawal Mountain which there is stretched Situ Hyang dihandapna, ngampar kawas kaca dialketipan. Ahay ..... terusna above the clouds of Syawal Mountain is like chasing, papanting manting. Pating kalayang kawas keur silih udag. Ngudag naon Jang ? heuheuy deuh kawas nu heueuh .......... Ningalina ti endi? Standing at Tenjolaya atuh titingalian ngablak kamana kamendi. You can't imagine, not only imagine, u must go there. Sok lah sakali-kali ngahajakeun going there. Ga bakalan regret, apalagi kalo bawa bekal banyak. Cobain staying for a couple years aja. Very nice to live ......
Next time I'll continue this story ......
Cag heula
Selasa, 22 Maret 2011
Situ Lengkong Panjalu
Sakainget kuring, Situ Lengkong Panjalu ti baheula (taun 80an) oge tos rame ku nu ngahaja jarah nyekar ka patilasan nu aya di Situ Lengkong atawa nu ngadon nguseup lauk. Laukna nu kasohor teh Nila jeung Mujaer hideung. Malah mah aya catur ti tukang nguseup teuing bener teuing henteu cenah kungsi ngangkat jaer hideung sagede nyiru. Bisa jadi kulantaran lobana kahakanan lauk jeung legana Situ Lengkong.
Situ Lengkong ayana teh di lingkungan pagunungan, kaasup dataran tinggi. Ceuk ukuran kuring mah kaasup aneh aya situ di gunung kawas kitu. Na timana asal caina? Ah ....... yakin kuring mah eta sumber cai keur Situ Lengkong asalna tina kakawasaan Allah SWT pastina ge.
Keur sakuringeun, mun nyaritakeun Situ Lengkong teh sok ngahudang keueung. Keueung ningali caina nu biru kolot kabayang jerona eta situ. Mun pareng indit-inditan ngaliwatan Panjalu osok rada ngarengkog pas pengkolan ti arah Maparah, teruskeun atawa lempeng wae? Nepi ka ayeuna eta rasa teh aya keneh. Komo ayeuna mah sabada ditembok sisina jadi leuwih atra pisan titingalian ka lebah Situ Lengkong. Ongkoh teu dihalangan pager jadi rada palalaur oge ngaliwat ka dinya teh.
Situ Lengkong kaasup wewengkon Panjalu, ayeuna beuki kasohor wae, daya pangirutna beuki kagosok hurung mancur ngagenclang herang kawas inten berlian satutasna dianjangan ku Almarhum K.H. Abdurrahman Wahid - Persiden RI manten. Nu ziarah beuki ngalobaan, katingali tina plat nomer mobil nu daratang diantarana ti Bogor, Purwokerto, Semarang, Bandung, Jakarta jeung rea-rea deui. Wajar jeung memang kudu kituna. Tanah Panjalu teh tanah berkah keur wargana. Tanah nu dido'aan mulya ku para aulia jeung luluhur Panjalu.
Situ Lengkong ayana teh di lingkungan pagunungan, kaasup dataran tinggi. Ceuk ukuran kuring mah kaasup aneh aya situ di gunung kawas kitu. Na timana asal caina? Ah ....... yakin kuring mah eta sumber cai keur Situ Lengkong asalna tina kakawasaan Allah SWT pastina ge.
Keur sakuringeun, mun nyaritakeun Situ Lengkong teh sok ngahudang keueung. Keueung ningali caina nu biru kolot kabayang jerona eta situ. Mun pareng indit-inditan ngaliwatan Panjalu osok rada ngarengkog pas pengkolan ti arah Maparah, teruskeun atawa lempeng wae? Nepi ka ayeuna eta rasa teh aya keneh. Komo ayeuna mah sabada ditembok sisina jadi leuwih atra pisan titingalian ka lebah Situ Lengkong. Ongkoh teu dihalangan pager jadi rada palalaur oge ngaliwat ka dinya teh.
Situ Lengkong kaasup wewengkon Panjalu, ayeuna beuki kasohor wae, daya pangirutna beuki kagosok hurung mancur ngagenclang herang kawas inten berlian satutasna dianjangan ku Almarhum K.H. Abdurrahman Wahid - Persiden RI manten. Nu ziarah beuki ngalobaan, katingali tina plat nomer mobil nu daratang diantarana ti Bogor, Purwokerto, Semarang, Bandung, Jakarta jeung rea-rea deui. Wajar jeung memang kudu kituna. Tanah Panjalu teh tanah berkah keur wargana. Tanah nu dido'aan mulya ku para aulia jeung luluhur Panjalu.
Situ Hyang Sadewata jeung Situ Lengkong Panjalu
Pangeling-eling waktos ngalongok pun biang di lembur.
Ieu mah sakadar ngawawaas wae kana panineungan baheula jaman keur cicing di lembur keneh osok ngala haremis jeung remis kijing di Situ Hyang. Lumayan aya karesep aya kaulinan bari diajar wani ngojay di Situ nu jerona leuwih kurang 14 meteran. Sok meunang sakarung orea mun ngala teh. Ngalana make gantar di puhuna ditalian make sisiuk tina awi atawa sair bongkok. Biasana haremis atawa remis kijing didaharna sanggeus diasakan make bungbu koneng. Rada mewah teh mun digoreng garing, mewah dina harti tina saember teh paling jadi sapiring. Pan digoreng mah jadi ngariut haremisna. Masya Allah, ngalimed wae sugan mah saking ni'matna. Teu hayang ngagehan nu sejen, embung kasoro batur. Komo daharna teh mun dibarengan jeung pais hurang, beunteur, jongjolong meunang ngala ti sisi Situ Hyang. Sambel tarasi ledok waeh make tomat hejo bari ongkoh nambulan cengek atah. Wuuuuuuuuih ......... hayang balik deui ka baheula.
Langganan:
Postingan (Atom)
Bunga Rampai
Menggapai kata-kata dalam pencapaian makna perjalanan kehidupan nan fana. Semoga manfaat untuk dunia akhirat.
Blog Rudi Santosa
Terima kasih sudah mau mampir. Seandainya mau copy paste, dipersilakan, asal jangan dibumbui dengan ditambahi atau dikurangi, apa adanya saja. Tolong dituliskan alamat blog ini. Apalagi kalo mau ambil fotonya mohon dapat disebutkan dengan lengkap dan benar sumber foto tersebut. Kalo sudah diedit agar disebutkan dengan jelas bahwa tulisannya sudah diedit. Dengan demikian tanggungjawabnya beralih kepada pengedit tulisan saya. Hak cipta hanya milik Allah Subhanahu wa ta'ala.












